Jalan Karéta Api Teu Tulus Ngaliwat ka Limbangan

- 6 Juni 2024, 18:24 WIB
Jalan kareta api di Nagreg Kabupaten Bandung.
Jalan kareta api di Nagreg Kabupaten Bandung. /

 

GALURA.CO.ID -Basa Walanda nyieun jalan karéta api wétaneun Nagrég, nurutkeun rencana mah bakal bangblas ngalér ngaliwatan Limbangan. Ngan baé rayat Limbangan dipingpin ku Uyut Oma, teu satuju jalan karéta ngaliwat ka dinya sabab sieun ngaruksak pasawahan.

Lamun urang tumpak mobil ti Cihuni rék asup ka Kadungora, Lélés, heug mireungeuh ka beulah katuhu, bakal mireungeuh sababaraha sasak karéta api anu ti kajauhan mah jiga narapel kana pasir lungkawing. Leuwih waasna deui lamun pas aya karéta api ngaliwat. Waas cam pur paur sabab karéta téh arula-arileu mapay-mapay sisi jungkrang di lamping Ciendog.

Sabada nurugtug mudun turun ti lamping gunung, méngkol ngalér, anjog ka Stasion Lélés. Engké ti Lélés, laju deui ka tebéh wétan semu ngalér, nya éta rék muru Cibatu. Jadi lamun ningali dina kar (peta) mah, ti mimiti Nagrég, jalan karéta  anu rék nyambung ka Lélés téh ngidul heula, milih jalan netek mapay-mapay jungkrang di lamping pagunungan.

Kudu ngaliwatan sababaraha jambatan weweg anu di handapna jungkrang (lain walungan). Nurutkeun kar, lamun ti Nagrég tujuanana ka Lélés, kuduna mah henteu kudu méngkol ngidul terus balik deui ka kalér, tapi bisa bangblas ngétan ka Limbangan. Ngan ku naon ku Walanda jalan kareta api henteu henteu sina ngetan?

Ceuk kolot-kolot urang Limbangan, mémang cenah ari Walanda mah nyieun jalan téh rencanana ngaliwat ka Kota Limbangan ngarah jalan kareta api lempeng, malah da tanah jang adegan stasionna ogé geus ditangtukeun. “Namung harita teu disatujuan ku Uyut Oma,” ceuk Dén Ubus urang Pasar Limbangan.

Ari Uyut Oma téh jawara awéwé anu hirupna dina ahir abad ka-18 nyanghareupan  awal abad 19. Tapi di Limbanganana mah sohorna téh stabib. Nu tatamba ka manéhna, lain baé rayat biasa, tapi ogé kalangan pangagung. Ari nu dimaksud pangagung téh deuih, lain baé pangagung ti kalangan pribumi, tapi ogé ti kalangan bangsa Belanda.

Loba pangagung Walanda lamun geus teu metu diubaranana ku dokter Walanda, nya lumpatna ka Uyur Oma sina disareatan, tur bisa cageur teu sakara-kara, padahal teu dibere obat kimia. Tapi baé sanajan awéwé, Uyut Oma téh ogé jawara. Lamun mimiangan ka ditu ka dieu, sok tumpak kuda bari nyenyekel tongkat hoé.

Sakali mangsa mah, Uyut Oma patelak jeung Walanda. Anu jadi gara-garana, ku sabab teu béja teu carita, Walanda ujug-ujug nyambungkeun jalan karéta ti Nagrég, cenah rék bangblas ngaliwat ka Limbangan. Uyut Oma teu satuju sabab lamun ka dinya aya jalan karéta, bakal ngaruksak pasawahan nu aya di Limbangan.

Ku sabab Uyut Oma bajoang pikeun kapentingan rayat loba, atuh harita ogé sabubuhan jalma bedas urang Limbangan mah, ngarojong pisan kana perjoangan Uyut Oma téh. Saméméh pangwangunan jalan karéta dimimitian, Uyut Oma mah geus aleut-aleutan muru kantor pamaréntahan di Limbangan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah