Karajaan Cirebon Diadegkeun ku Walangsungsang, Seuweu Prabu Siliwangi

- 5 Juni 2024, 10:00 WIB
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, putra Prabu Siliwangi.
Karaton Kasepuhan Cirebon. Karajaan Cirebon diadegkeun ku Walangsungsang, putra Prabu Siliwangi. /Nanang/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Karajaan Cirebon duma­sar sumber-sumber tradisional di Cirebon diadegkeun ku Walang­sungsang. Ari Walangsungsang nu oge disebut Cakrabuana seuweu Sri Baduga Maharaja, raja Paja­jaran, ti Subanglarang. Sri Baduga ka Subanglarang teh pernahna kapiadi. Subanglarang taya lian ti siwi pamanna nu jadi panguasa wilayah di Pantura Cirebon.

Walangsungsang kitu deui adi-adina, Raja Sangara jeung Lara­santang, dilahirkan sawaktu Sri Baduga nu ngaran asalna Pama­nah Rasa atawa  Jayadewata tacan dijenengkeun jadi raja di Paja­jaran. Ayana di Pajajaran sabab kawin ka Kentring Manik Mayang Sunda nu oge siwi pamanna beda indung: Prabuk Susuk Tunggal.

Ku sabab ngarasa henteu betah di Pakuan Pajajaran, Wa­lan­gsung­sang hayang bubuara ka tempat sejen, ka basisir kaler. Pangna teu bataheun Walang­sungsang jeung adi-adina diatik ajaran agama Islam ku biangna, ari di Pakuan Pajajaran mayoritas nga­nut agama Sunda wiwitan, najan geus nganut paham mo­nothisme.

Walangsungsang ngadegkeun Karajaan Cirebon  dina abad ka-15 Masehi, taun 1430 Masehi. Ku sabab ngajenan jeung wujud teu poho ka karuhunna, Karaton Pa­kungwati nu diadegkeunana nyang­­­hareup ka kulon, nyangha­reup ka Galuh (Kawali). Bapana lahir jeung digedekeun di Galuh, malah jadi putra mahkota Karajaan Galuh.

Ku Prabu Sri Baduga Ma­haraja saterusna Waalngsung­sang diang­kat jadi panguasa wilayah. Sri Baduga ngirimkeun utusanana ka Cirebon bari mawa Mande Ja­jar, tempat Sri Baduga ngistrenan Walang­sungsang. Mande Jajar ayeuna diteundeun di lawang asup ka Gunung Sembung, tempat dikurebkeunana Sunan Gunung Jati.

Tanda jadi karajaan daerah nu ngindung ka Pajajaran, Cirebon sataun sakali ngirim upeti ka Ra­jagaluh (Majalengka), upetina teh tarasi nu jumlahna teu loba. Rajagaluh diadegkeun ku Dewa Nisakala, akina Walangsungsang. Dewa Niskala sabada ngen­cag­keun kulungguhanana sarta dipasrah­keun ka Pamanah Rasa, laju ngadegkeun Rajagaluh.

Sabada Syarif Hidayat nu sa­waktu geus tilar dijulukan Sunan Gunung Jati, jadi raja Cirebon, siwi Walangsungsang ngadahup ka Sunan Gunung Jati, Cirebon diojok-ojok ku Demak teu ngi­rim­keun deui upeti. Raja Raja­galuh, Cakraningrat, wera. Raja­galuh jeung Cirebon ahirna pe­rang. Cirebon bisa nalukeun Ra­jagaluh make reka perdaya.  Cire­bon jeung Banten dibantuan ku De­mak ahirna ngarurug Karajaan Paja­jaran tepi ka Pajajaran runtag. 

Naon sababna Walang­sung­sang masrahkeun Cirebon ka minantuna nu oge sipat anak (Sunan Gunung Djati seuweu Larasantang)? Walangsungsang teu bogaeun seuweu atawa anak lalaki. Jaman harita geus galib raja nu teu bogaeun anak lalaki, karajaanana diserenkeun ka mi­nantuna, saperti Susuk Tunggal masrahkeun Pajajaran ka Pama­nahrasa.

Tapi jaman harita mah minan­tu raja masih keneh aya hubungan baraya. *** 

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah