Art In Motion (AIM), Gelar Kompetisi Seni-Budaya Sangkan Jadi Rawayan Budaya Antara Indonesia - Walanda

- 6 Juni 2024, 19:00 WIB
Tim Art in Motion (AiM) Walanda, sawatara waktu kaliwat geus ngayakeun lokakarya intensif di ISBI Bandung, tanggal 19 - 20 Februari 2024.
Tim Art in Motion (AiM) Walanda, sawatara waktu kaliwat geus ngayakeun lokakarya intensif di ISBI Bandung, tanggal 19 - 20 Februari 2024. /Asep /galura.co.id

GALURA.CO.ID -Sajarah antara Indonesia jeung Walanda geus lumangsung mangabad-abad lilana, sarta nyesakeun carita tina  rupa-rupa kajadian dina mangsa harita boh sacara sosial, politik, boh ekonomi. Lara jeung bagja, terus ngaguluyur nyieun caritana sorangan salila mangtaun-taun. Nepi ka teu karasa ngajadikeun hubungan anu kacida raketna dina DNA kadua nagara.

Jeung teu saeutik anu terus ngabangun iketan kulawarga ku perkawinan, alhasil  dua getih sejen bangsa ieu pacampur jadi hiji. Titinggal jeung tapak budaya ieu dua bangsa ge bisa kapanggih dina bentuk bahasa, arsitektur, kuliner, jeung aspek sosial lianna.

Tah pikeun ngaraketkeun hubungan dua Nagara,  Tim Art in Motion (AiM) Walanda, sawatara waktu kaliwat geus ngayakeun lokakarya intensif di ISBI Bandung, tanggal 19 - 20 Februari 2024. Kagiatan ieu mangrupa awal nu penting pikeun hubungan kreatip jeung budaya anu bakal ngaraketkeun hubungan antara Indonesia jeung Walanda dina taun 2024 jeung 2025.

Tilu urang pengajar (Rob Hammink, Ronald van de Cappelle dan Quirine van Heeren) ngahajakeun datang ti Walanda pikeun  nyileman mangsa bihari, kiwari,  jeung nu utama nyawang  mangsa hareup kadua nagara, babarengan jeung para mahasiswa akademi seni Indonesia, salah sahijina jeung  mahasiswa ISBI Bandung.

Ku sagala pangaweruhna, para mahasiswa bakal mimiti digawe jeung nyiptakeun hiji karya seni anu baris diniley ku juri dina tanggal 8 Maret 2024. Pinunjulna bakal meunang  hadiah mangrupa uang saku bekel miang ka Walanda  bulan September 2024 nepi ka November 2024. Para mahasiswa di Nagara Kincir Angin bakal jadi  duta budaya jeung bakal reureujeungan nyieun  karya seni  jeung mahasiswa Walanda. Karya   seni anu bakal jadi simbul nu kuat pikeun mangsa hareup anu raharja.

Sakumaha anu pada terang, Rob Hammink, panaratas AiM teh Panulis (diantarana novel Jodoh), reporter senior internasional  De Telegraaf jeung kungsi maen dina film Bumi Manusia karya Pramoedya Ananta Toer.

Hammink kaget nilik sikep  Indonesia jeung Walanda dina nyurahan mangsa heubeul nu sarua. "Indonesia teh nagara ngora seger keneh anu keur bagerak maju kacida cepetna . Nagara anu keur sumedeng mekar. Standar hirup  ge undak.  Di Walanda, nilik deui ka mangsa bihari boga tujuan nu mandiri.  Maranehna anu nyawang ka tukang ku hideung-bodas, moal ningali warna-warna dina mangsa hareupna. Seni teh cara  ampuh keur nyieun  pernyataan ku cara nu lemes," kitu ceuk Hammink.

Kick-off AiM bakal dimimitian awal tahun ieu di Bandung, sarta AiM bakal diluncurkan di sakuliah Indonesia, mimiti ti  Aceh nepi Papua anu bakal lumangsung nepi ka taun 2025, nalika Indonesia mileing 80 taun  kamerdekaanana.

Proyek seni ieu dirojong ku Atase Pendidikan dan Kebudayaan Kedutaan Besar Republik  Indonesia di Den Haag, ISBI Bandung, BKS PTSI, jeung Erasmus House di Jakarta.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah