Hawa Halodo Mimiti Karasa, Cai Ngorotan, Polrés Kuningan Ngabangun Sumur Bor

- 17 Juni 2024, 08:47 WIB
Kapolrés Kuningan, AKBP Willy Andrian, basa mitembeyan ngabangun sumur bor
Kapolrés Kuningan, AKBP Willy Andrian, basa mitembeyan ngabangun sumur bor /Humas Polrés Kuningan/

GALURA-Hawa halodo mimiti karasa héabna. Cai mimiti ngorotan, tapi tacan kabéjakeun anu kakurangan cai mah.

Anu sok kabéjakeun kakurangan cai di wewengkon Kabupatén Kuningan, ti antarana waé daérah Kecamatan Ciwaru, Karangkancana, jeung Cimahi.

Keur ngungkulan kakurangan cai dina usum halodo, Polrés rukun gawé reujeung Dinas Pekerjaan Umum Tata Ruang (PUTR) Kabupatén Kuningan ngagangbun sumur bor di Désa Baok, Kecamatan Ciwaru.

Kapolrés Kuningan, AKBP Willy Andrian, éta téh minangka kapadulian ti Polrés Kuningan sangkan warga di éta daerah henteu kakurangan cai, utamana dina mangsa usum halodo.

"Sim kuring kénging wartos, dina usum halodo warga di dieu (Désa Baok), sok sesah ku cai. Mudah-mudahan ieu tiasa mangfaat," Willy, basa neundeun batu cikal, tanda mitembeyan ngabangun sumur Bor, Saptu 15 Juni 2024.***

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah