Seni Tradisi Bingbrung Minangka Media Dakwah, Disatengahing Parobahan Pajamanan

21 Februari 2023, 14:16 WIB
Kelompok masarakat Ledeng, Kacamatan Cidadap, Kota Bandung, nu masih satia mulasara seni tradisi bingbrung/ DOK. Komunitas CCL /

GALURA – Seni tradisi bingbrung minangka media dakwah, kiwari nyanghareupan rupaning parobahan pajamanan.

Ieu seni tradisional bingbrung teh meh tuwuh jeung mekar di wilayah agraris.

Lain kadar hiburan, seni tradisi bingbrung ge boga fungsi maheutkeun kakuatan sosial masarakat.

Baca Juga: Nu Jarah ka Makam Karamat Sembah Dalem Pangudar Teu Weleh Merul, Bagean I

Tah, masarakat nu tepi kiwari masih ngarawat seni tradisi bingbrung, salasahijina nyaeta kelompok masarakat di Kalurahan Ledeng, Kacamatan Cidadap, Kota Bandung.

Waktu gempungan di Komunitas Celah Celah Langit (CCL), tukangeun Terminal Ledeng, Jalan Setiabudi, Kota Bandung, sawatara waktu kaliwat, sesepuh seniman bingbrung, Abah Danis mertelakeun, minangka media dakwah, rumpaka langgam seni bingbrung nyoko tina Kitab Barzanji jeung Zamzami.

Seni bingbrung di Ledeng geus aya ti kawit taun 1910 nu ditaratas ku karuhunna, nyaeta Abah Asmareja.

Baca Juga: Umur 10 Taun ka Luhur, Buah Tangkal Kopi Ngurangan, Ngungkulanana Ngabarukeun Tangkal Kopi

Abah Danis teh generasi ka-5 nu kiwari masih tetep boga karep mertahankeun ieu seni tradisi titinggal karuhun.

“Ilaharna seni bingbrung minton dina acara salametan budak nu disunatan. Lian ti eta, oge sok minton di nu hajat nikahan atawa pangajian muludan,” ceuk Abah Danis.

Anapon kelompok masarakat-seniman seni bingbrung di Ledeng ayeuna aya kira 15 urang, katambah 20 rumaja-pamuda ti entragan kiwari.

Baca Juga: Desa Tigaherang Rajadesa, Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Jawa Barat

Seniman bingbrung sejenna, Abah Saripin, ngeceskeun, seni bingbrung lain wae mibanda unsur estetik, tapi oge aya unsur atikan jeung sosial.

Runtuyan rumpaka langgam dina bingbrung estu leubeut ku pituah katut ajen kawijaksanaan.

Minangka media dakwah jeung lenyepaneun, seni bingbrung umajak ka sakumna umat manusa sangkan teu weleh napakuran kana ketakna dina kahirupan di ieu alam dunya.

Baca Juga: Pa Boji, Ahli Melak Kopi ti DesaTigaherang Rajadesa, Imahna Kaimpungan ku Patani Kopi

“Proses atikan dina seni bingbrung, eta teh adumanis olahan seni musik jeung pidangan teks Barjanzi, riwayat kanabian, tahmid, dzikir, sarta rupa-rupa nasehat kawijaksanaan kahirupan,” pok Abah Saripin.

Waditra seni bingbrung saperti terebangan, jumlahna 6 kalawan diameter ti nu 40 cm tepi ka nu panggedena diameter 60 cm, katambah dogdog hiji.

Eta waditra aya nu geus puluhan taun.

Baca Juga: KH Maman Imanulhaq: Sikap PKB Tandes, Pemilu 2024 Make Sistem Proposional Terbuka

Pidangan musikna minangka harmoni tatabeuhan terebang, ti mimiti lalaunan atawa tepak anca, laju tepak sedeng, tepi ka tepak nu tempona mingkin ngagancangan.

Lagu midang teh, teu saeutik nu milu ngibing dipirig bingbrung.

Ieu seni bingbrung minton di imah sahibul hajat biasana satutas Isya tepi ka tengah peuting, atawa sakapeung aya nu parat tepi ka janari.

Baca Juga: Abah Awie, Nanjeurkeun Basa Sunda ku Jadi ‘Youtuber’ Ngadongéng

“Lagu-lagu bingbrung nu euyeub ku papagon kahirupan teh antarana judul Ya Salam, Silokat Mala, jeung Ulah Kajongjonan,” pok Abah Saripin.

Manehna miharep, seni bingbrung titinggal karuhun teh sing bisa terus nanjeur.

Sedengkeun panalungtik musik, Made Bagus Permadi Putra ngebrehkeun, seni bingbrung kaasup seni buhun.

Wangun ensembel kaguyubanana kalintang kuatna minangka pameungkeut katahanan sosial masarakat.

Baca Juga: Miéling Poé Basa Indung Sadunya, Abah Awie: Ulah Sieun Salah Nyarita ku Basa Sunda

Seni bingbrung ge kaasup seni tradisi nu sakral, ku kituna jadi media lenyepaneun atawa kontemplasi.

“Musikna repetitif, tina lalaunan tepi ka tempona ngagancangan, jadi matak urang palid kana meditasi nu kalintang hadena keur terapi kasehatan katut katenangan jiwa,” pokna.

Sajeroning kitu, Debery, minangka seniman entragan ngora, ngeceskeun, manehna jeung papada baturna sapatekadan pikeun terus miara ieu seni bingbrung titinggal karuhunna.

Baca Juga: Made Putra, Dosén Musik Unpas, Boga Udagan Ngawujudkeun Désa Saxophone

Disatengahing parobahan pajamanan, seni tradisi bingbrung kiwari nyanghareupan tangtangan enggoning regenerasi nu karep mulasarana. ***

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler