Umur 10 Taun ka Luhur, Buah Tangkal Kopi Ngurangan, Ngungkulanana Ngabarukeun Tangkal Kopi

- 21 Februari 2023, 13:05 WIB
Pa Boji nyekelan tangkal kopi nu umurna geus puluhan tahun, geus aya ti jaman Belanda. Anggfer bubuah, lantaran dahanna disambung ku bibit anyar, cara ngabarukeun tangkal kopi.
Pa Boji nyekelan tangkal kopi nu umurna geus puluhan tahun, geus aya ti jaman Belanda. Anggfer bubuah, lantaran dahanna disambung ku bibit anyar, cara ngabarukeun tangkal kopi. /Nanang S/Galura

GALURA -Pa Boji, salasaurang ahli melak kopi, urang Desa Tigaherang, Kecamatan Rajadesa, Kabupaten Ciamis, nyebutkeun tangkal kopi nu geus umur 10 taun leuwih buahna nguranga. Tarekahna ngabarukeun tangkal kopi.

Ceuk Pa Boji, tehnik ngabarukeun tangkal kopi, dahan ngora tangkal kopi nu umurna geus 10 taun ka luhur disambung ku bibit kopi nu leutik keneh. “Kawas nyetek tangkal takokak jeung tomat,” ceuk ieu ahli melak kopi nu ngaranna geus moyan lain ukur di Desa Tigaherang teh.

Mun sambunganana geus morontod, ceuk Pa Boji nu ka imahna, di Kampung Kamuning Desa Tigaherang, loba nu datang nu hayangeun jadi ahli melak kopi dahan-dahan nu heubeul dipotongan.

Baca Juga: Desa Tigaherang Rajadesa, Desa Kopi di Kabupaten Ciamis jeung di Jawa Barat

Dahanna nu anyar tina sambungan tea anu diingkeun mah. Teu kudu ngadagoan dua taun bubuahna teh. Sataun oge geus buahan ngan tacan loba pisan.

Tangkal kopi nu buahna meuhpeuy, ceuk Pa Boji, umurna 4 – 5 taun. Kitu deui tangkal kopi hasil ngawinkeun tangkal heubeul jeung bibit anyar.

“Tah, upami tos umur 10 taun teras disambung deui ku dahan ngora. Kitu wae saterusna,” ceuk Pa Boji.

Nu matak ka handapna mah umur tangkal kopi teh bisa puluhan malah ratusan taun. Di pipireun imahna oge Pa Boji bogaeun tangkal kopi nu geus dipelak ti jaman Jepang, malah bisa jadi dipelakna mangsa Walanda.

“Ari ka luhurna mah tangkal anyar, hasil nyambungkeun jeung tangkal ngora,” pokna.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x