Kabayan Ngalanglang Jaman (22): Takdir Geus Kalakonan, Kadar Geus Teu Bisa Disinglar  

- 28 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

 

 

JAWABAN Raja Korintus jeung prameswarina teu kitu baé ngabungahkeun haté Oidipus.

Keukeuh, haténa can ngarasa sugema ku jawaban Raja jeung prameswari anu cenah --ceuk Si Ningrat téa-- lain indung-bapana pituin.

Sidik, panon Oidipus teu bisa dibohongan, basa diasongan patalékan kitu téh Raja Polibus semu nu ngaranjug bari jeung silirérét jeung prameswari.

Tina omonganana gé deuih henteu langsung pok kana jawaban, tapi malibir heula ka ditu-ka dieu, semu aya nu disumputkeun.

Teg baé Oidipus ngarasa yakin, yén omongan Si Ningrat anu nyebutkeun yén manéhna téh lain anak Polibus, enya lain jijieunan, lain saukur ngahambur-hambur bacot rék mapanas manéhna.

Yakin, omongan Raja Polibus jeung prameswarina téh ngan saukur ngalelemu manéhna wungkul, pikeun ngalilipur haté anu keur marudah.

Ku lantaran ngarasa can sugema téa, gilig manéhna nepungan Orakel Apolo di Delfi.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (21): Lalakon Oidipus Si Suku Bareuh

Baca Juga: Di Daerah Konflik, Ratusan Brimob Diturunkeun pikeun Ngajaga Kaamanan Pilkades Serentak 2023 di Majalengka

Haténa geus pangger, manéhna bakal siap nampa jawaban ti déwa anu sakirana matak pikasediheun haténa.

Mun seug harewos déwa anu ditepikeun liwat pandita wanita nyebutkeun manéhna téh anak andar-andar, meunang mulung ti jarian, upamana, manéhna moal kukumaha, moal ngarasa hina onam.

Nu penting, ceuk gerentes haténa, aing kudu nyaho, naha Raja Polibus jeung prameswari nu salila ieu ku aing disebut Ama jeung Ambu téh kolot teges aing atawa lain. Aing kudu nyaho, kumaha asal-usul aing nu saenyana!

Tapi, jawaban anu katarima ku manéhna ti Sang Déwa liwat pandita wanita téh, mungguh matak muringkak saawak-awak pikeun Oidipus.

"Halik, geura nyingkah! Takdir anjeun geus diguratkeun ku Hyang Widi, anjeun bakal ngawaris tahta sanggeus anjeun maténi bapa sorangan, sarta satuluyna anjeun bakal ngawin indung anu ngakandung anjeun. Jaga, ti indung sorangan kénéh anjeun bakal boga budak anu engkéna dipikaijid ku paradéwa jeung papada manusa. Halik, geura nyingkah ti dieu, bisi ieu tempat kabawa kotor ku talajak anjeun!"

Baca Juga: Sajak Rosyid E Abby: Nu Syuhada di Palagan Karbala

Teu kawawa nahan rupa-rupa rasa anu ngagunasika jiwana, Oidipus geuwat ninggalkeun éta patempatan.

"Takdir aing geus diguratkeun kudu maténi bapa sorangan! Teu, teu rido! Mun seug kitu, aing montong balik. Kudu satékah polah ulah nepungan Ama jeung Ambu. Lamun aing nepungan Ama jeung Ambu, hartina sarua jeung ngayonan takdir kudu maténi nu jadi bapa jeung ngawin nu jadi indung," gerentes hatena.

Ari dina pikiranana mah, dina sawanganana mah, indung-bapana téh taya lian Raja Polibus jeung prameswarina, Merope.

Ku ayana pikiran kawas kitu, Oidipus henteu mulang ka Korintus. Manéhna kalah milih jalan ka Thebes, kota tempat bapa tegesna --Raja Laius-- maréntah.

**

Baca Juga: Tina APBD, Atlet asal Kabupaten Bandung nu Meunang Medali dina SEA Games 2023 Kamboja Meunang Bonus

CILAKANA, dina poé éta kénéh, Raja Laius gé keur lalampahan ka Delfi.

Raja Laius hayang nalék ka Orakel kumaha carana sangkan rahayatna bisa bébas tina panyangking Sphinks, mahluk pikasieuneun anu salila ieu ngaririwaan Kota Thebes jeung wewengkon-wewengkon sabudeureunana.          

Kalawan gagah Raja Laius tumpak karéta dibaturan ku ponggawana saurang jeung badegana tiluan.

Geus takdirna kudu kitu, najan nyingkah ka mana baé gé, ari pati mah geus guratna ti Hyang Widi.

Harita, bapa jeung anak anu teu silipikawanoh téh tepung di hiji pasampangan satapak anu muru ka Daulis.

Ngaranna jalan satapak, nya puguh baé jalanna téh heureut naker, ngan cukup keur liliwatan sakarétaeun wungkul.  

Baca Juga: Kakanwil Kemenag Jabar Calon Haji ti Jawa Barat, 38.732 urang, Miang ka Tanah Suci

Oidipus teu boga pikiran, yén anu aya di hareupeunana téh rombongan ti karaton. Tonggoy baé manéhna leumpang, teu boga pikiran rék nyisi. Bubuhan pikiranana keur baluweng mikiran nasib diri nu taya euih-euihna.

"Nyisi, Ki Silah! Naha andika teu nyaho saha ari kaula?!" Raja Laius ngagorowok tina karétana.

Beg, Oidipus ngagebeg. Eukeur mah manéhna keur baluweng, kari-kari aya nu ngagorowok semu nu ambek, puguh baé haténa jadi kasundut. Komo deui éta kajadian téh ninggang ka jalma nu gedé ambek kawas manéhna, saha jalmana nu rido dicacampah ku jalma anyar pinanggih anu sasatna kaitung deungeun-deungeun.

Enya, Oidipus teu nyahoeun, anu diuk andégléng dina karéta kuda téh, anu bieu ngajorowok ka manéhna, sasatna mah bapa tegesna. Tapi ku kapongahan éta jalma, Oidipus ngarasa dilélécé. Nyel manéhna malik ambek ka jalma nu pongah téa.

"Teu penting kaula nyaho ka andika! Leuwih hadé, bere jalan kaula, kaula rék ngaliwat!" ceuk Oidipus bari tuluy ngaléngkah, teu miduli yén éta karéta kuda gé tuluy baé jalan mapag manéhna.

Baca Juga: Galura Cetak IV Mei 2023, Mahkota Binokasih, Kabupaten Ciamis Mieling Pindahna Puseur Dayeuh Kabupaten Galuh

"Hiaaat!" si kusir karéta geuwat nyentokkeun tali elésna.

Atuh puguh baé si kuda ngagurubug asa kagéntak, biur lumpat tarik naker rék nubruk Oidipus.

Untungna Oidipus geuwat ngagiwar ka sisi, tapi orokaya sukuna nu kénca kagiles ku roda beusi karéta.

Sabot kitu, hiuk, hiuk... Raja Laius ngaheumbatkeun pecutna kana beungeut Oidipus.

"Bangkawarah, siah! Kalah ngabandel!" ceuk Raja Laius bari tuluy-tuluyan ngaheumbatkeun pecutna kana beungeut Oidipus.

Kanyeri geus teu dirasa. Béhna mah éta kanyeri téh geus ngabatu jadi amarah anu ngagugudag. Héak..., Oidipus sataker kebek ngaheumbatkeun tongkatna kana dada Raja Laius, tangka Raja Laius tijengkang teu bisa ngajaga kasaimbangan. Gebru baé labuh, sirahna ninggang pisan kana batu. Les baé nyawana teu katulungan deui.

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

Mireungeuh rajana geus perlaya, badégana anu tiluan lain gimir, kalah amarahna beuki ngagugudag.

Éta badéga anu tiluan téh geuwat taki-taki ngepung Oidipus, sorot panonna mungguh beureum baruringas.

Kalawan ngagunakeun pakarang pedang jeung tumbak, maranéhna narajang ka Oidipus. Tapi saurang gé euweuh nu bisa nandingan kakuatan jeung kamahéran Oidipus dina ngulinkeun tongkatna, éta nu tiluan téh saurang-saurang pating ngajurahroh teu nyawaan.

Ponggawa Raja Laius nu harita ukur ngawaskeun parabadégana ngarempug Oidipus, nénjo kitu mah ngarempod, terus jicir teu ngalieuk-lieuk deui ka tukang.

Anapon Oidipus teu boga niat ngaberik éta jalma, tuluy baé neruskeun lalampahanana ka Thebes, teu misadar yén anu bieu perlaya ku manéhna téh Raja Thebes jeung rombonganana.

Enya, Raja Thebes, anu saenyana mah bapa tegesna pisan.

Takdir geus kalakonan, kadar geus teu bisa disinglar, Oidipus geus maténi bapana sorangan!*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: IKWI Jawa Barat Ngagelar Rapat Kerja jeung IKWI Jabar Award 

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x