Kabayan Ngalanglang Jaman (26):  Katunggara Raja Oidipus, Katunggara Sakumna Rahayat

- 4 Juni 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

 

MIREUNGEUH kitu, Pandita Zeus ngarasa watireun, tuluy baé sumujud dina suku Oidipus nu keur tungkul teu wani nénjo ka rahayatna nu harita keur marendeko hareupeun manéhna nganti-nganti jawaban.

"Gusti Prabu...," ceuk Pandita Zeus bari angger sumujud, "lamun salira cicing baé, alamat bakal sirna ieu nagri téh..."

Najan omongan Pandita Zeus téh semu ngagerentes, tapi kadéngéna ku Oidipus mah lir sora gelap dina mangsa tengah poé éréng-éréngan.

Luk Oidipus tungkul saeutik, melong seukeut ka Pandita Zeus anu keur sumujud deukeuteun sukuna.  

"Mamang," pokna tandes. "Na dikira Mamang, kaula teu nyaho kana tunggara nu keur kaalaman ku rahayat Thebes? Na dikira Mamang, kaula teu milu ngarasakeun kasedih rahayat Thebes?"

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

Ngadéngé jawaban kitu ti rajana, teu wudu Pandita Zeus ngagebeg liwat saking. Beungeutna tanggah saeutik, katénjo pias naker. Teup kana paneuteup rajana, teu lila ngeluk deui tungkul mani ajrih.

"Ampun paralun, Gusti Prabu, teu pisan-pisan kami boga anggapan kitu, Nun..."

"Geus, Mamang, kaula ngarti kana omongan andika," ceuk Oidipus, leungeunna nyéngkatkeun awak Pandita Zeus sina cengkat.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Pemilu di Daerah

x