LENG, sajongjongan Oidipus ngahuleng.
Bener-bener lieur gunem catur jeung jalma anyar pinanggih mah, ceuk pikirna. Lieur ngabandunganana. Lieur ngéngklokanana.
"Ké heula, jalma anyar pinanggih...," pokna, bari semu nu mikir. "Bieu disabit-sabit, andika wawuh ka kaula téh tina buku mitologi Yunani, tina literatur-literatur, tina sakumna karya seni, kaasup seni sastra..."
"Enya, kitu pisan!"
"Naha teu salah?"
"Lebah mana salahna?" Profésor Kabayan kalah malik nanya.
"Anu jadi kehémeng kaula, piraku kahirupan kaula nu sagemblengna aya anu nganyahoankeun, tuluy ujug-ujug baé aya ngadokuméntasikeun bari kaulana teu kungsi apal..."
"Apan ku kami gé tadi geus disebutkeun, kami duaan téh datang ti abad nu bakal datang, abad jaganing jaga ti nu mangsa nu ayeuna. Kami duaan téh hirup dina jaman anu béda jeung andika!"