Kabayan Ngalanglang Jaman (19) : Supata ka nu Jadi Bapa, Manjang Saturunan

- 23 Mei 2023, 09:32 WIB
/Desain: REA/

MIREUNGEUH jalma anyar pinanggih anu duaan pacéntal-céntal omongan, Oidipus geuwat nyela omongan maranéhanana.

"Geus, geus. Urang dongéngkeun deui ku kaula, nya, ambéh écés sagala rupana. Naon anu bieu didadarkeun ku Kabayan téh mémang aya benerna, tapi ogé henteu sagemblengna bener..."

"Tangtu baé moal sagemblengna bener, da kami gé nyaho tina buku jeung tina literatur-literatur, anu teu ngajamin bener saratus persén. Ngan palebah andika bogoh ka indung mah, ampir sarua jeung ieu yeuh... batur kami ieu," témbal Profésor Kabayan bari nunjuk ka Sangkuriang.

Baca Juga: IKWI Jawa Barat Ngagelar Rapat Kerja jeung IKWI Jabar Award

Baca Juga: Galura Cetak IV Mei 2023, Mahkota Binokasih, Kabupaten Ciamis Mieling Pindahna Puseur Dayeuh Kabupaten Galuh

"Baruk? Tepi ka dikawinna deuih?" Oidipus olohok, neuteup ka Sangkuriang.

"Nu matak, teu kungsi!" témbal Profésor Kabayan. "Nu matak kami duaan lampar gé, ngalanglang jaman demi jaman, ngan saukur hayang manggihan Nyi Dayang Sumbi. Mun geus panggih mah, teuing rék dikumahakeun tah Nyi Dayang Sumbi ku ieu batur kami téh..."

"Nyi Dayang Sumbi?" Oidipus kerung deui baé.

"Enya, Dayang Sumbi," Sangkuriang ngéngklokan. "Anu salawasna dipicangcam, dipikangen, dipikameumeut, anu cenah mah manéhna téh indung kaula."

"Cing, kumaha caritana bet tepi ka kitu?!" Oidipus panasaraneun naker, bangun nu hayang nyaruakeun nasibna jeung batur.

**

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (18) : Lalakon Ki Udi alias Oidipus

TEU diengkékeun deui, ngan derékdek baé Sangkuriang ngadadarkeun lalakon dirina, tepi ka ahirna panggih jeung Profésor Kabayan anu siap mantuan milu mangnéangankeun Nyi Dayang Sumbi.

Salila Sangkuriang ngadadarkeun lalakon dirina, Profésor Kabayan mah teu lemék, ukur rarat-rérét nyidikkeun kaayaan sakurilingna.

Séjén jeung Oidipus, gawéna téh ukur cuk-crék jeung gogodeg baé.

"Ayeuna, kaula ngarasa leungiteun ku nu dipicangcam beurang-peuting, nyatana ku Nyi Dayang Sumbi," omong Sangkuriang nganggeuskeun caritana.

"Euh, jadi... andika duaan datang ka dieu téh, maksudna mah rék néangan Nyi Dayang Sumbi?"

"Enya, kitu pisan!" témbal Sangkuriang, panonna neuteup ka jauhna.

Baca Juga: Conto Ngalarapkeun Peribahasa Sunda dina Kalimat

Beungeut Nyi Dayang Sumbi anu geulisna taya tanding, ngalangkang deui dina kongkolak panonna.            

Oidipus unggut-unggutan.

"Saenyana, nasib andika henteu goréng-goréng teuing lamun dibandingkeun jeung kaula. Kaula mah tepi ka tulusna ngawin indung sorangan bari jeung méméhna teu nyaho yén éta téh indung teges, indung kaula sorangan," omong Oidipus semu ngagerenyem, manghanjakalkeun ku nasib dirina anu sakitu goréngna.

"Nu matak,” Oidipus nuluykeun omonganana, “lamun meunang mah kaula mapagahan ka andika, ulah tulus tah néangan Nyi Dayang Sumbi téh. Andika mah ngora kénéh pisan, masih kénéh loba udageun, loba ambahan, béda jeung kaula nu sakieu geus kolotna, kalah hayoh wé katalikung ku dosa nu teu manggih tungtung."  

"Aéh, enya... kumaha tah dongéngna ngeunaan andika téh? Najan tadi didongéngkeun ku Ki Kabayan, ari kaula mah angger hayang ngadéngé langsung ti andika, ti nu ngalamanana."

Baca Juga: Helaran Budaya Ngeuyeuban Pendaftaran Bacaleg PDIP ka KPU Majalengka

Méméh ngadongéngkeun lalakon hirupna, Oidipus ngahuleng heula sakedapan. Rénghap, narik napas jero pisan. Ngararasakeun peurihna kahirupan nu salila ieu geus ngarobéda manéhna.

"Kaula mah weléh teu ngarti. Teu ngarti...," pokna sajeroning ngahuleng. Gogodeg sababaraha kali, bangun nu hayang nyinglar pibahlaeun. 

"Teu ngarti kumaha?" Sangkuriang pirajeunan nanya, tamba henteu nyoara teuing. Panonna mencrong seukeut kana beungeut Oidipus anu sakitu kariput jeung kulawuna. Aya méga hideung ngabelegbeg dina beungeutna nu keur dirungrum kasusah.

Beu, geus kolot naker geuning Oidipus téh, gerentes haté Sangkuriang.

Tuda enya, tadi mah teu katémbong kolot, da meureun tadi mah suasanana karasa rengkeng. Ma'lum ka jalma anyar pinanggih, teu pati nyidik-nyidik anu leuwih teleb. Béda jeung ayeuna, suasana téh karasa rada rinéh, najan aya bangbaluh anu ngabeungbeuratan haté Oidipus.

"Teu ngarti ku nasib diri," omong Oidipus tuluyna, semu nu ngagerentes. "Ku naon nasib nu karandapan ku kaula téh bet goréng-goréng teuing?! Asa diteungteuinganan kaula mah ku Zeus téh..."

"Zeus?" Sangkuriang olohok.

Baca Juga: KH Maman Imanulhaq Miharep Presiden Ngabralkeun Calon Jemaah Haji Kloter Munggaran di BIJB Kertajati

"Enya, Zeus, Gusti kaula, déwa nu nangtukeun takdirna manusa, nu nangtukeun hirup-patina manusa, nu nangtukeun nasib goréng jeung nasib alusna manusa..."

"Ké heula," Profésor Kabayan nyela omongan, "naha andika bet nyarita kitu ka Gusti sorangan? Moal matak kaduhung? Moal ngarasa dosa?"

"Naon hartina dosa lamun sorangan geus ditakdirkeun kudu loba dosa?!" omong Oidipus, semu nu ngemu amarah. "Kapan andika geus nyaho lalakon hirup kaula. Ti barang gubrag ka alam dunya gé, nasib kaula mah geus ditakdirkeun kudu peteng salila-lilana. Saendeng-endengna."

"Tapi kapan manusa mah wajib usaha, wajib nyingkahan nasib anu kira-kira baris pigoréngan," omong Sangkuriang.

"Enya, bisa baé kitu. Éta mah nasib. Nasib mah mémang bisa dirobah. Tapi pan ari takdir mah teu bisa kitu. Éta mah geus ti ajalina kudu kitu. Lamun enya takdir bisa dirobah, naha atuh andika bet teu bisa nyingkahan mikabogoh ka indung sorangan?"

Baca Juga: Harti Peribahasa Sunda, jeung Ngalarapkeunana dina Kalimah

Dibalikkeun ku pananya kawas kitu, Sangkuriang teu bisa deui nyoara.  

"Takdir anu kaalaman ku kaula téh, saenyana lain balukar polah sorangan. Tapi balukar polah anu jadi bapa, Raja Laius, jadi kaula mah nu jadi anakna ngan saukur kababawa," omong Oidipus deui.

Sangkuriang henteu mairan, ukur ngaregepkeun éta omongan Oidipus.

Kitu deui Profésor Kabayan, najan geus nyaho kana lalakon anu tumiba ka Oidipus gé, angger milu ngaregepkeun, bisi aya carita anu teu nyekrup jeung anu salila ieu dipikanyaho ku manéhna.

Ongkoh deuih ari nyaho ti nu ngalamanana sorangan mah, asa leuwih afdol karasana.

"Hiji mangsa, bapa kaula téh diondang ku Pelops, Raja Pisa. Di karaton Raja Pisa, Bapa dibageakeun minangka tamu kahormatan. Teu béda ka raja baé, padahal harita téh Bapa can ngawaris tahta karajaan ti nu jadi aki, Raja Labdakus. Atuh sagala rupa dahareun anu ngarareunah, dihaturkeun ka Bapa. Kitu deui pintonan-pintonan kasenian gaya karaton, dipintonkeun pikeun ngahibur Bapa. Ngan, duka ku naon, harita Bapa udar tina tatakrama nyémah, tepi ka werat kedal ucap nyacampah Krisipus, putra Raja Pisa. Puguh baé Krisipus kawiwirangan, tepi ka ahirna werat nelasan patina sorangan."

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (17) : Cai Ramuan Bahasa Saalam Jagat

Semet dinya, Oidipus ngarénghap jero naker.

Sangkuriang jeung Profésor Kabayan teu kecét-kecét. Nganti-nganti caritaan Oidipus satuluyna.

"Mireungeuh putrana guyang getih teu nyawaan, Raja Pisa ngajerit, teu bisa nahan kasungkawa haténa. Gabrug, putrana nu geus jadi layon téh dirontok, diceungceurikan. Tuluy, dina sorot mata nu pinuh ku amarah, manéhna ngancam ka Bapa. Kétah lain ngancam, tapi nyupata..." 

"Nyupata? Nyupata kumaha?"

"Tah, ti dieu pisan takdir kaula téh ditangtukeunana. Raja Pelops kedal supata, yén Bapa saturunan bakal ngalaman peurih anu kacida alatan polahna sorangan. Bapa disupata sangkan teu boga anak, supaya Bapa milu ngarasakeun, yén teu boga anak téh karasana bakal peurih, cenah. Atuh dina bogana anak, jaga, Bapa bakal maot ku anak sorangan... Nyatana kitu pisan, Bapa, enya Raja Laius téh maot ku...," semet dinya, Oidipus teu bisa nahan kasedihna. Cimatana mudal maseuhan pipina anu geus ramijud. Ngagukguk ceurik bari nungkupan panonna anu caah ku cimata.

Mireungeuh kitu, Sangkuriang jeung Profésor Kabayan ukur silirérét.*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

 

  

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x