Make Dana Desa, Kades Mirat Majalengka Masrahkeun Uang Kadeudeuh ka 18 Siswa SD

- 29 Februari 2024, 11:25 WIB
Ngagunakeun Dada Desa, Kades Mirat masrahkeun uang kadeudeuh ka 18 siswa SD nu mibanda prestasi
Ngagunakeun Dada Desa, Kades Mirat masrahkeun uang kadeudeuh ka 18 siswa SD nu mibanda prestasi /Didi/galura

GALURA.CO.ID -Ka ngaran Asep Sumekar geus moal bireuk deui sakacamatan Leuwimunding hususna, sakabupaten Majalengka Umunna. Kituna teh lantaran Asep Sumekar nu kiwari jadi kapala Desa Mirat Kecamatan Leuwimunding mibada jiwa sosial nu luhur.

Rebo, 28 Februari 2024, tempatna di pendopo Bale Desa Mirat, Kades Asep Sumekar ngabagikeun kadeudeuh ka siswa-siswi anu mibanda prestasi di SDN, 1 Mirat, SDN 2 Mirat jeung SDN 3 Mirat tur asli urang Desa Mirat. Aya 18 siswa SD nu meunang kadeudeuhna teh.

Asep ngajentrekeun saurangna "uang kadeudeuh" teh Rp200 rebu tina anggaran dana desa taun 2023. “Simkuring ngapresiasi ka siswa nu nyangking prestasi di SD di wewengkon Desa Mirat,” pokna.

Baca Juga: Optimalkeun Sarana di Sakola, Pj Bupati Kuningan Apresiasi Disdik Jabar

Inyana miharep uang kadeudeuh nu sumber dana tina Dana Desa jadi pamecut sumangetna barudak sakola enggoning dialajar sarta ka kolotna m miharep sing bisa ngajujurkeun minat jeung bakat budakna.

“Generasi masarakat Desa Mirat ka hareup sing leuwih onjoy kualitasna sarta mibabda ajen-inajen nu hade,” ceuk Asep Sumekar.

Kepala SDN 2 Mirat, Endung SPd, ngahaturkeun nuhun ka Pemdes Mirat, hususna ka kadesna nu geus merhatikan pasan kana atikan. “Uang kadeudeuh tangtos ngamotivasi ka siswa enggoning ngaronjatkeun prestasi,” pokna.

Inyana umajak ka kolot barudak, ngarojong barudakna sing sukses sarta neruskeun ka paguron luhur.*** Didi R

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x