Desa Kersamanah (6), Puramanggala Turunan Majapahit, Diarah-Arah ku Belanda, Ahirna Dumuk di Kersamanah

9 Agustus 2023, 12:00 WIB
Makam Eyang Puramanggala di TPU Calingcing, Desa Kersamanah, Kabupaten Garut (foto: Asep). /Cecep KS/Galura

GALURA - Riwayat Eyang Puramanggala tepi ka kiwari masih keneh poek. Ustad Mangsyur nyebutkeun asalna ti Jawa. Lunta ti Jawa alatan diuudag ku tantara Belanda.

Makmun Saepullah, nu dumuk di Tanjungsari, Sumedang, asalna ti Limbangan, dosen manten Sejarah di Universitas Indonesia nu kungsi nulis sajarah Kawargian Limbangandong , nyebutkeun, Eyang Puramanggala asalna ti Majapahit.

“Bibit buitna mah kulawarga Karajaan Majapahit, nyambung ka Raja Majapahit nu pamungkas, Raja Dyah Ranawijaya, rundayan kasabelas ti Raden Wijaya, nu ngadegkeun Karajaan Majapahit, ” pokna.

Baca Juga: Kersamanah (5), Eyang Puramanggala Ngukut Maung, Eyang Waliun Mampu Ngadatangkeun Hujan Gelap Dordar

Makmun nu kungsi nulis buku Kapahlawanan KH. Abdul Halim di Majalengka teh, nyebutkeun, sanggeusna Karajaan Majapahit burakrakan balukar Perang Paregreg, rakyatna nu ngagem Agama Hindu-Buddha, loba nu arasup Islam, pangaruh ti Karajaan Demak jeung muslim Tionghoa nu mangsa harita geus mimiti dumuk di tanah Jawa.

Harita, Dyah Ranawijaya atawa Brawajiaya V, sanggeus asup Islam tuluy diangkat jadi Adi Pati di Kasultanan Demak, ari Puramanggala mah dina riwayatna tuluy masantren, neuleuman elmu agama ka para ulama Cina.

Ti dinya, Puramanggala, ngasakkeun deui elmuna di sawatara pasantren di Jawa, di antarana, di pasantren Tambak Beas, daerah Jombang. Hanjakalna, ceuk Makmun, sajarah Puramanggala teu bisa mundel, sababna mah sajarahna kasumputkeun.

Sumber nu aya ukur beja nu tatalepa kalawan versi caritana rageman, atuh turunanna oge kiwari loba nu geus taya dikieuna. Ceuk Makmun, Puramanggala sanggeus jadi ulama jumhur, tuluy ngalalana.

Baca Juga: Desa Kersamanah (4), Ustadz Mangsyur: Nu Mimimiti Ngababakan Lain Eyang Sacaruddin tapi Eyang Puramanggala

“Memeh dumuk di Kersamanah, Puramanggala ngadegkeun pilemburan di wewengkon pagunungan nu kaereh daerah Raksabaya, Cimaragas, Ciamis, tuluy ngadegkeun pilemburan nu kiwari nelah Kampung Citambir, Desa Cilampuyang, Malangbong.

Tilu bulan sanggeus ngadegkeun Citambir tuluy ngaprak deui leuleuweungan tepi ka anjogna di wewengkon Kersamanah, tumetep jeung ngadegkeun pasantren. Henteu pundah-pindah deui.

Puramanggala jeung pangiringna, ceuk Makmun, tuluy-tuluyan diuber-uber pasukan Belanda, telik sandi Belanda sumebar di mana-mana. Puramanggala teh ulama nu dipikahariwang baris ngahalangan kana eksistensi Belanda, matak salilana dikakalakeun.

Puramanggala, kungsi reureuh heula sawatara waktu di wewengkon Gunung Galunggung jeung Gunung Cakrabuana, tuluy mapay daerah Sukanyiru, Wado, Sumedang bras we ka wewengkon Cilampuyang di wewengkon Malangbong, ayeuna.

Baca Juga: Desa Kersamanah (3) Gegedug Gorombolan nu Gangas Serah Bongkoan ka Lurah Yahya

Ngarasa can aman, Puramanggala ngaprak deui pilemburan, anjog we di daerah Cileuleuy, Lewo, ti dinya indit deui tepi ka tumetepna di wewengkon Desa Kersamanah, pernahna nu ayeuna katelah Kampung Ciarog.

Ceuk Makmun, di saban tempat nu diunggahan ku Puramanggala, pangiringna aya nu tuluy ngababakan di eta tempat, bumen-bumen ngawangun kulawarga ngarundaykeun turunan. “Teu sakabeh pangiringna nutur-nutur anjeunna,” pokna.

“Dina catetan Akang mah, Puramanggala teh ngan sabelas taun hirup ngadegkeun jeung ngawangun nu disebut daerah Desa Kersamanah bari nyebarkeun elmu agama Islam, tuluy gering payah tepika ngantunna, kajurung ku umurna nu memang geus sepuh harita teh,” ceuk Makmun.

Sawatara taun sanggeus Puramanggal tilar, nya datang we Eyang Sacaruddin, nu sarua ahirna mah ngababakan di Kampung Ciarog.

Baca Juga: Desa Kersamanah (2) Tadina Leuweung Gerotan, Panonoban Rampog jeung Garong

Kades manten Kersamanah, Ajat alias Undang suargi, kungsi ngadongeng ka Galura, Puramanggala teh ngukut meong (maung) nu sukuna pincang, ku nu kawenehan dilandih Si Pincang, kalan-kalan tepi ka ayeuna sok nembongan.”Bageur, tara ngaganggu, ngajaga lembur,” ceuk Undang.

Ari pusaka jeung pakakas perangna mah, kiwari dirawatan ku Ustadz Mangsyur, nu waktu mujasmedi di kamar petengna, hodam Puramanggala, mihapekeun titinggalna ka Ustadz Mangsyur.

“Amanatna, teu meunang dibikeun atawa diinjeumkeun ka saha bae,” ceuk Ustadz Mangsyur.

Lian ti si Pincang, meong sejen nu sok nembongan teh, katelah Pa salep, taya katerangan pangna dilandih Pa Salep.

Ceuk nu ngawenehankeun, mun keur nembongan, jirim Pa Salep teh ngarupakrun manusa, jangkung kasep, awak bangbang. Cicingna di palebah Cibatudengklok.

“Enya, meong, sok ngajirim manusa, eta kukutan Eyang Sacaruddin,” ceuk Abah Oneng. (Nyambung).*** Cecep KS

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler