Cek Beja, Sasak Cincin Jatinangor, Sumedang, Horor, Naha Enya?

18 Februari 2023, 13:30 WIB
Sasak atawa jambatan Cincin Jatinangor, Sumedang, teu sanget jeung horor/Galura/Aam PS /

GALURA -  Cek beja, jambatan atawa sasak Cincin di Jatinangor. Sumedang, sanget, horor, naha enya?

“Bohong, ah! Eta mah mung rekaan wungkul,” cek Dede (35), warga urang Cisaladah, Cikuda, Jatinangor, Sumedang, Jawa Barat, Saptu anu kaliwat.

Eta teh minangka jawaban tina pananya Galura, naha inyana sabage warga nu imahna deukeut ka jembatan Cincin sok ngarasa keueung atawa ngarasakeun hawa mistis di eta jembatan.

Baca Juga: Saban Taun Produksi Perikanan di Kabupaten Bandung ngaronjat, Bupati Umajak ka Patani Lauk Terus Rancage

Apanan, beja kaluar mah, jembatan Cincin teh sanget, pikakeueungeun, komo mun wanci peuting mah.

Cek beja dina media online mah, samalah, warga nu deukeut ka jembata Cincin, sok kawenehan ngadangu sora awewe ceurik ngabangingik bangun nu kanyenyerian.

Mun teu sora awewe, nya sora orok. Oar-oaran kawas nu hayang nyusu atawa ditinggalkeun ku indungna.

Baca Juga: Pamujaan, Tempat Ngaraketkeun Diri ka Nu Maha Kawasa, Agama Sunda Jaman Pajajaran

Ngan geuning, cek warga dinyana mah, jembatan Cincin teh teu sakumaha anu rame di luar.

“Abdi ge sering maos dina media online pami ngeklik kecap jembatan cincin dina Google. Leres aya carios-carios mistis, aya penampakan, aya soara tanpa wujud, sareng nu sanesna,” cek Dede.

“Tapi, urang dieu mah teu terang perkawis carios carios model kitu. Ecesna, jembatan Cincin teu pikasieuneun teu sing,” pokna deui.

Baca Juga: Mingpin Rahayat Ngalawan Hindia Belanda, Bagus Rangin Dianggap Ratu Adil

Eta hal oge dienyakeun ku Bella jeung warga sejenna, padumuk Cisaladah nu imahna kira 200 meteran ti Jembatan Cincin.

Bari seuri, Bella nu ngaku karyawan hiji tempat hiburan di kawasan Kopo, Bandung netelakeun yen babaturanna ge sok natanyakeun soal jembatan Cincin. Naha enya sanget jeung pikasieunan.

Sangkan babaturanna percayaeun, dini hiji waktu ngahaja diondang ka imahna terus ngulampreng wanci magrib ka Jembatan Cincin, dina hiji malem Jumaah. Sina ngararasakeun sorangan.

Baca Juga: Perjoangan Bagus Rangin Ngalawan Hindia Belanda Meunang Bantuan ti Sababaraha Daerah

“Saterasna rerencangan teh yakin yen jembatan Cincin teu sapertos carios anu rame di tebihna,” cek Bella.

Teu beda ti Dede, eta wanoja nu kulitna bodas oge ngaku heran naha di luar bet rame ku beja yen Jembatan Cincin sanget, angker jeung horor. Padahal dina kanyataanna mah teu kitu.

Cek Bella, sakanyahona memang enya ari soal kungsi aya awewe nu tega maehan maneh ku cara ngajleng ti jembatan nu luhurna kira 20 meteran mah. Kajadianna welasan atawa puluhan taun ka tukang. Manehna nu harita leutik keneh oge harita nyaksian nalika mayitna diangkat ku warga jeung pulisi.

Baca Juga: Bagus Rangin Baruntak ka Hindia Belanda dimimitian ti Palimanan Cirebon

Najan kitu, ti saprak harita, sakanyohana taya kajadian nanaon kaasup penampakan awewe atawa sora  awewe ceurik bangun nu kanyenyerian, di jembatan Cincin.

Jadi mana nu bener? Naha pangakuan warga nu deukeut ka jembatan Cincin atawa cek beja dina media kaasup YouTube? Nyanggakeun we eta mah.

Ngan nu jentre, jembatan Cincin teh lain jembatan samanea, tapi jembatan nu boga ajen sejarah keur Indonesia. Jembatan nu minangka saksi “bisu” ayana penjajah jeung kareta api nu liwat ka Jatinangor, bras ka Tanjungsari. ***

 

Editor: Aam Permana S

Tags

Terkini

Terpopuler