Papalidan di Walungan Citanggulun, Lukman : Pikeun Malidkeun Kabingung

5 Februari 2023, 21:38 WIB
Objek Wisata Papalidan di Desa Tambakbaya, Kecamatan Garawangi, Kabupaten Kuningan.* /AJUN MAHRUDIN/

GALURA-Désa Tambakbaya, Kecamatan Garawangi, Kabupatén Kuningan, kiwari miboga objék wisata.

Eta objek wisata ngamangfaatkeun walungan Citanggulun, perenahna teu jauh ti pilemburan Desa Tambakbaya.

Konsépna ngaadumaniskeun kaéndahan alam, rékréasi, olahraga, jeung budaya masarakat sabudeureun.

Baca Juga: Ceuk Guruh Irawan, Cara Nu Dilarapkeun Ku Pemdes Tugumulya Dina Mayar PBB, Kaasup Muatan Lokal

Kaulinan papalidan minangka kokojo éta objék wisata. 

Ceuk Kuwu (kepala désa) Tambakbaya, Lukman Mulyadi, nu disebut Papalidan teu jauh béda reujeung arung jeram.

 

 Bedana, papalidan mah maké alat nu ngamangfaatkeun ban urut mobil badag, lain maké parahu karét .

 Baca Juga: Panen Pare Munggaran di Desa Kertawangunan, Acep : Patani Kudu Leuwih Motekar

 

Objék wisata ieu ditujukeun pikeun wisatawan petualang, jeung masarakat umum. 

 

Dina ngabangun objék wisata téh, ceuk Lukman, nerapkeun konsép tradisional.

 

 Éta hal sangkan objék wisata di daérahna béda reujeung objék wisata nu geus aya di désa séjén.

Baca Juga: Patroli Gabungan, 26 Sapedah Motor Tampa Dilengkepan Surat Diamankeun Pulisi

Hartina miboga has atawa ciri nu mandiri. Dipiharep jadi pngjugjugan jalma réa ti luar daérah.

 “Ngahaja nerapkeun konsep wisata nu teu acan aya di Kuningan.

 Mudah-mudahan tiasa mekar kapayunna, janten pangjugjugan wistawan,” ceuk Lukman.

Baca Juga: Dua Wangunan di Cinyawar Talegong Garut Kareumpeukan Tatangkalan Nepi ka Burakrakan, Untung Taya Korban

Nu jadi pangjurung ngabangun objék wisata, ceuk Lukman, taya lian dina rararga ngali poténsi nu aya di daérahna.

Baheula, éta walungan leutik sok dipaké papalidan ku barudak, make alat nu dijieun tina tangkal cau, awi, jeung kai. 

Ku sabab kitu, ceuk Lukman, dina ngabébénah objék wisata kasebut salian nerapkeun konsép nu ngandung unsur rekreasi, hiburan, jeung olahraga ogé nerapkeun unsur nu ngandung budaya atawa kaarifan lokal. 

Baca Juga: Kabuyutan Pamager Nagara, Ngageuing Pamingpin nu Sakira Rek Mengpar tina Kamanusaan

“Papalidan pikeun malidkeun kasusah, malidkeun kabingung, malidkeun karungsing. Sanés kanggo malidkeun kasenang,” ceuk Lukman, ditungtungan seuri leutik.  

Lukman ngécéskeun, walungan Citanggulun nu bisa dipaké papalidan téh panjangna bisa ngahontal 2 KM.

Baca Juga: Angkawijaya Ngiwat Pamajikan Panembahan Ratu, Surat Talak Ditukeuran ku Sindangkasih

Tapi, kiwari kakara 500 méter, rubakna 3 nepika 5 meter. Éta hal ku sabab aya diantarana sasak nu teu bisa diliwatan, da torowongan sasakna depek atawa handap.

 “Masih kénéh dibebenah, engké upami sadaya rupina tos réngse badé dibuka kanggo masarakat umum. Sanaos kitu, nu arameng ka dieu tos seueur, pangpangna dina dinten Minggu,” pokna.

 

Editor: Ajun Mahrudin

Tags

Terkini

Terpopuler