Panen Pare Munggaran di Desa Kertawangunan, Acep : Patani Kudu Leuwih Motekar

- 5 Februari 2023, 19:15 WIB
Bupati Kuningan Acep Purnama, mitembeyan panen pare.* di
Bupati Kuningan Acep Purnama, mitembeyan panen pare.* di /BagProKomPim/

GALURA-Bupati Kuningan Acep Purnama, mitembeyan panen raya pare varietas Hibrida P-05, di Desa Kertawangunan, Kecamatan Sindangagung, Ahad, (5/2/2023).

Ceuk Ketua Kelompok Tani Sari Asih Desa Kertawangunan, Didi, pelak pare anu geus manjing dipanen kiwari legana kurang leuwih 15 hektar.

Baca Juga: Patroli Gabungan, 26 Sapedah Motor Tampa Dilengkepan Surat Diamankeun Pulisi

Bupati Acep miharep, sektor pertanian di Kabupaten Kuningan bisa mekar ngaliwatan inovasi jeung kolaborasi pikeun ngaronjatkeun paekonomian masarakat.


"Ieu hasil panen raya pare teh mangrupakeun hasil karya pikeun ngarojong nyadiakeun pangan di Kabupaten Kuningan," ceuk Acep.

Baca Juga: Dua Wangunan di Cinyawar Talegong Garut Kareumpeukan Tatangkalan Nepi ka Burakrakan, Untung Taya Korban

Patali kitu, ceuk Acep, perlu dirojong ku sarana jalan usaha tani. Eta geus aya, jadi bisa leuwih gampang dina ngakut hasil tatanen, boh ngakut gemuk.

Ceuk Acep, kiwari rea mucunghul patani milenial, dipiharep bisa terus numuwuhkeun sumanget jeung karancagean dina sual tatanen.

 Baca Juga: Prediksi Persib vs PSS Sleman, Luis Milla Gede Hate, Seto Nurdiantoro Muji Maung Bandung

Nurutkeun Acep, sektor pertanian kudu bisa leuwih mekar ngaliwatan cara-cara anyar atawa inovasi anyar.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x