Ceuk Guruh Irawan, Cara Nu Dilarapkeun Ku Pemdes Tugumulya Dina Mayar PBB, Kaasup Muatan Lokal

- 5 Februari 2023, 20:15 WIB
Kepala Bappenda Kabupaten Kuningan, Guruh Irawan Zulkarnaen (kenca), dina hiji acara.
Kepala Bappenda Kabupaten Kuningan, Guruh Irawan Zulkarnaen (kenca), dina hiji acara. /AJUN MAHRUDIN/

GALURA- Cara anu dilakonan ku Pemerintah Desa Tugumulya, Kecamatan Darma, Kabupaten Kuningan, dina ngokolakeun runtah pikeun mayar PBB mangrupakeun poténsi jeung inovasi nu payus dimekarkeun.

 

“Sim kuring kacida ngabagéakeun kana tarékah nu dilakonan ku Pemerintah Désa Tugumulya dina ngali poténsi kanggo mayar PBB," ceuk Guruh.

Baca Juga: Di Desa Tugumulya, Runtah Bisa Dipake Mayar Pajeg 

Kepala Badan Pengelolaan Pendapatan Daerah (Bappenda) Kabupaten Kuningan, Guruh Irawan Zulkarnaen, netelakeun eta hal, basa dipenta kamandangna patali hal kasebut.

Baca Juga: Mikawanoh Kabuyutan Ciburuy Garut, Situs Budaya nu Neundeun Banda Titinggal Prabu Siliwangi

Ku kituna, Guruh miharep tarekah nu dilakonan Pemerintah Desa Tugumulya bisa jadi conto pikeun desa-desa sejenna di Kuningan.

Baca Juga: Dua Wangunan di Cinyawar Talegong Garut Kareumpeukan Tatangkalan Nepi ka Burakrakan, Untung Taya Korban


Nurutkeun Guruh, réa inovasi nu dilakonan ku pemerintah désa di Kabupatén Kuningan dina tarékah ngudag target percepatan pelunasan PBB.

Tapi kituna téh karancagéan dina mayar PBB kawas nu dilakonan ku Pemerintah Desa Tugumulya kawilang carang.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x