Leuweung Jahim, Wisata Alam Pagunungan Ciamis Kalér

19 Januari 2023, 10:00 WIB
Tapel wates Kabupaten Ciamis jeung Kabupaten Majalengka di Leueung Jahmi. /

GALURA -Jalan alternatif Panjalu-Cikijing atawa Tasik-Cikijing unggal poé peré dipaké jalan-jalan ku nu hayang nyeuseup hawa pagunungan. Pamandanganana hadé, jeung kulinérna nyampak.

Make kandaraan ti Cikijing make jalan nu mapay tonggong Gunung Pucuk Ibun, Kacamatan Cingambul, Kabupatén Majalengka anu brasna ka Kacamatan Sukamantri, Kabupatén Ciamis, matak gimir, matak ketir.

Kituna teh lantaran nyorang tanjakan anu sakitu netek bari pungkal-péngkol nu nyupiran kudu ati-ati pisan. Tanjakanana téh kaceluk ku sebutan Tanjakan Jahim.

Sanajan matak keketegan hulu angen, mapay tanjakan saéstuna matak ngabrangbrangkeun haté. Geura wé sapanjang 10 kilométer sajajalan nempo pasawahan jeung palawija ngaplak hejo.

Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga

Ngalieuk tukang, mun isuk-isuk kénéh, ti kajauhan ngajegir Gunung Ciremé nu tutuganana tapel wates jeung kabupatén Majalengka.

Réngsé nyorang tanjakan bisa leleson di warung sangu, handapeun tangkal pineus, tonggoheun tugu tapel wates Kabupatén Majalengka jeung Kabupatén Ciamis.

Sanguna teu weléh haneut, deungeunna dikumplitan ku sambel jeung lalab. Ti warung urang bisa nyawang pasawahan jeung pilemburan. Matak waas matak kelar.

Tatangkalan baradag di sisi jalan, sok diparaké ulin ku barudak ngora, ngarasakeun tiisna hawa pagunungan.

Baca Juga: Warga Kampung Cibeureum, Desa Tanjungsiang, Subang, Masih Ngaleukeunan Bedog Barlen

Dina poe Ahad atawa poé liburan teu saeutik nu maraké kandaraan, boh motor boh mobil, ngahajakaeun unggah ka Jahim, areureun sisi jalan, ngadon balotram, balakécrakan, di handapeun tangkal kai.

Warga di dinya maneuh moro monyét di Gunung Pucuk Ibun atawa moro bagong nu ngagalasak tatanén. Moro monyétna sok tepi ka ponclot Gunung Cakrabuana anu kawilang jauh ti Pucuk Ibun.

“Biasana sataun dua kali moro bagong jeung monyet téh,” ceuk Ukin, urang Désa Cintaasih.
Jalan Jahim ayeuna mah beuki ramé waé, teu beurang teu peuting.

Sanggeus dibebenah jeung dihotmik, sanajan jalanna teu rubak patalimarga anu ngahubungkeun antara Kacamatan Cikijing jeung Kacamatan Panjalu tambah beuki riab waé.

Baca Juga: Damkar Ngusir Monyet Liar, Udagan Beunang Katewak, Dipaluruh Kaburu Kabur

Motor mobil pating geredeg. Anu euweuh téh mobil angkutan umum. Nu rék ka Panjalu atawa nu rék ka Cikijing maké jalan anu norobos ka luhur Gunung Pucuk Ibun leuwih deukeut batan nguriling ka Kacamatan Kawali nu méngkol tgi jalan utama palebah Winduraja.

Maké jalan Kawali mah jauhna aya kana 40 kilométerna, ari maké Jalan Jahim jauhna ngan 26 kilométer, béda 14 kilométer.

“Nu ti Tasik rek ka Cirebon gé atawa sabalikna, kiwari mah sok maraké jalan alternatif Jahim,” ceuk Jakaria, tukang warung di Désa Candana Kacamatan Cigambul, Majalengka.

Ti Tasik henteu maké jalan ti Ciamis, tapi maké jalan nu motong jalan Cihaurbeuti. Di Pageurageung méngkol ka Kénca, mapay jalan nu Panjalu.

Baca Juga: Nyurahan Pamaredih Presiden Jokowi, TB Hasanuddin: Luyu Undang-Undang nu Jadi Koordinator Intelijen teh BIN

Kira-kira dua ratus méter méméh Situ Léngkong, méngkol ka katuhu. Sanggeus ngaliwatan Cibeureum, Kacamatan Sukamantri, nyorang tanjakan nu pungkal-péngkolna mites.

Jalanna mapay-mapay tonggong gunung nu kénca katuhuna rembet ku kakayon. Ti tapel wates Majalengka jeung Ciamis jalan nurugtug mudun.

Méméh diaspal jeung digedéan jalan nu ngaliwat ka Gunung Pucuk Ibun téh kaceluk sanget, arang langka nu wanieun ngaliwat ka dinya, najan beurang ogé.

“Apan jalan Jahim téh kaceluk loba bégal jeung loba ririwa,” ceuk Mang Engkos, waktu ngawangkong jeung Galura di warung sangu.

Baheulana, cenah, lebah dinya téh leuweung ganggong tempat pamiceunan mayit. Ayeuna leuweung ganggongna salina rupa jadi leuweung pineus jeung geus rada caraang deuih, henteu caranéom pikakeueungeun.

Puncak Gunung Pucuk Ibun katelah Puncak Jahim nu terus dipaké ngaran tanjakan, Tanjakan Jahim.

Baca Juga: Kiwari Dibaekeun, Konservasi Alam ku Karuhun Sunda Dipentingkeun pisan

Pangna disebut Jahim ceuk ujaring carita baheula aya jalma digjaya ngaranna Abah Jahim, nu wani ngalawan tentara Walanda. Belanda héséeun pisan nyangkalakna.

Pikeun nyingsieunana urang Walanda nyieun sasak nu dingaranan sasak Buta Héjo. Ambéh bangsa urang di alam harita teu kumawani ngaliwat ka éta jalan.

Demi Abah Jahimna sorangan teu kacatur katewak ku Walanda. Teu kacatur deuih kumaha nasibna jeung di mana makamna.

“Ayeuna puncak Jahim téh janten ramé, dinten Minggu sareng dinten libur sanésna, diparaké ameng, da alamna éndah alamna. Atuh Tanjakan Jahim ogé teu matak muringk bulu punduk,” ceuk Mang Engkos.

Ku sabab jalan anu baréto kaceluk sanget jadi haneuteun, masarakat boga lahan keur néangan pangupa jiwa. Sapanjang Jalan Jahim loba warga nu daragang. Nu usaha kana olahan kadaharan ogé réa.

Lian ti muka warung sangu, teu saeutik nu dagang buah-buahan jeung hasil palawija meunang melak masarakat di dinya.

Gunung Pucuk Ibun katut leuweung téh aya dina cangkingan PT Perhutani. Di wewengkon nu kabawah ka Kabupatén Ciamis, ditalingakeunana ku Résort Pemangku Hutan (RPH) Madati nu kantorna di Désa Sukamantri, Kecamatan Sukamantri.***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler