Nyekar Mapag Ramadan jeung Poéan Lebaran, Tukang Kembang Rampé Maréma

- 19 April 2023, 02:00 WIB
Reza, nu dagang kembang rampé di "Iponk Florist" di Jalan Gedung Empat, deukeut Pasar Antri, Kota Cimahi, maréma mun meneran waktu nyekar mapag Ramadan atawa poéan lebaran.*
Reza, nu dagang kembang rampé di "Iponk Florist" di Jalan Gedung Empat, deukeut Pasar Antri, Kota Cimahi, maréma mun meneran waktu nyekar mapag Ramadan atawa poéan lebaran.* /Rameli Agam/

“Ngan nya kitu, harga balanja kembang mawar gé ngajaul. Ti saméméh Ramadan kénéh, harga mawar sakarung ukuran 25 kg téh nu satadina Rp50 rébu, bet ngajaul jadi Rp300 rébu sakarung,” pokna.

Balanja kembang ti sentra kembang Cihideung, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Di luareun waktu puasa atawa lebaran, warga nu mareuli kembang rampé lolobana dina poé Jumaah, Saptu, jeung Minggu.

Mun dina bulan puasa mah kieu sikleusna, sanggeus saminggu jalan Ramadan, kaayaan siga nu ilaharna, sapoé rata-rata kajual 20-30 bungkus kembang rampé.

Laju, omset bakal ngaronjat deui pisaminggueun kana lebaran tug puncak marémana mah pas meneran malem takbiran.

Ninggang dina poé ahir puasa, ti isuk mula tepi ka janari, merul nu mareuli kembang rampé.

"Pas maleman takbiran mah bisa tepi ka ngajual sarébu bungkus kembang rampé," ceuk Reza.

Baca Juga: Mapag Lebaran, Bhabinkamtibmas Polsek Sindangwangi Ngaroris Beas jeung Pare

Geus méh ampir 10 taun manéhna dagang di dinya. Lian ti kembang rampé, manéhna gé ngajual kembang mawar, aster, sedap malam, jeung pikok.

Sagagang kembang mawar hargana Rp10 rébu, sedengkeun aster jeung nu lianna, rata-rata Rp 10 rébu per tilu gagang.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x