Nyekar Mapag Ramadan jeung Poéan Lebaran, Tukang Kembang Rampé Maréma

19 April 2023, 02:00 WIB
Reza, nu dagang kembang rampé di "Iponk Florist" di Jalan Gedung Empat, deukeut Pasar Antri, Kota Cimahi, maréma mun meneran waktu nyekar mapag Ramadan atawa poéan lebaran.* /Rameli Agam/

GALURA - Unggal téréh bulan Ramadan atawa nalika waktu Lebaran, sok ilahar di masarakat téh aya tradisi nyekar.

Tradisi nyekar di kulawarga muslim di Indonesia geus méh jadi ciri mapag Ramadan.

Nyekar téh jaroh ka makam nu jadi kolot atawa kulawarga, nu ilaharna dilakukeun ti mimiti pisaminggueun Ramadan.

Tétéla, ayana tradisi nyekar mapag Ramadan téh jadi matak ngaronjatna omset nu daragang kembang rampé.

Sakumaha nu kaalaman ku jongko "Iponk Florist", sisieun Jalan Gedung Empat, deukeut Pasar Antri, Kota Cimahi.

Ceuk Reza (55), nu dagang di "Iponk Florist", ngaronjatna pangabutuh kembang rampé keur nyekar mapag puasa taun ayeuna téh karasa ti pisaminggueun kénéh kana Ramadan.

Kembang rampé nu dibungkus palastik téh diwengku kembang aster, mawar, jeung, pandan, kalawan harga Rp10 rébu sabungkusna.

Baca Juga: Obrog Obrog, Tradisi Ngabejaan Waktuna Saur di Kabupaten Majalengka, Difestivalkeun, Hadiahna ti Tb Hasanuddin

Ti pisaminggueun Ramadan, dina sapoéna rata-rata kajual 250 bungkus kembang rampé.

“Ngan nya kitu, harga balanja kembang mawar gé ngajaul. Ti saméméh Ramadan kénéh, harga mawar sakarung ukuran 25 kg téh nu satadina Rp50 rébu, bet ngajaul jadi Rp300 rébu sakarung,” pokna.

Balanja kembang ti sentra kembang Cihideung, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat.

Di luareun waktu puasa atawa lebaran, warga nu mareuli kembang rampé lolobana dina poé Jumaah, Saptu, jeung Minggu.

Mun dina bulan puasa mah kieu sikleusna, sanggeus saminggu jalan Ramadan, kaayaan siga nu ilaharna, sapoé rata-rata kajual 20-30 bungkus kembang rampé.

Laju, omset bakal ngaronjat deui pisaminggueun kana lebaran tug puncak marémana mah pas meneran malem takbiran.

Ninggang dina poé ahir puasa, ti isuk mula tepi ka janari, merul nu mareuli kembang rampé.

"Pas maleman takbiran mah bisa tepi ka ngajual sarébu bungkus kembang rampé," ceuk Reza.

Baca Juga: Mapag Lebaran, Bhabinkamtibmas Polsek Sindangwangi Ngaroris Beas jeung Pare

Geus méh ampir 10 taun manéhna dagang di dinya. Lian ti kembang rampé, manéhna gé ngajual kembang mawar, aster, sedap malam, jeung pikok.

Sagagang kembang mawar hargana Rp10 rébu, sedengkeun aster jeung nu lianna, rata-rata Rp 10 rébu per tilu gagang.

Dina kembang mawar aya jenis mawar bodas katut beureum, mawar pink candy, mawar salem, sarta mawar pink sweet.

Unggal waktu éta kembang téh dirawat, dicebor jeung digenti caina saban poé, sangkan bisa tetep seger tepi ka saminggu.

Lian ti kembang hiasan, manéhna gé ngajual kembang keur kaperluan ucapan sungkawa, nikahan, wisuda, milangkala, tur nu séjénna.

Hargana gumantung ukuran, ti mimiti Rp500 rébu tepi ka nu ngajuta.

“Tah, meneran jeung tradisi nyekar méméh puasa atawa lebaran, lian ti kembang rampé, nu ogé ngaronjat omsetna téh nyaéta kendi katut pendil," ceuk Reza.***

Baca Juga: Mawakeun dina Mapag Ramadan, Kiwari Kari Waasna

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler