“Teu cape, Ba?” ceuk Aki Jaya ka Suba.
“Cape mah tumpak si belang wae, Ki,” tembal Suba.
“Mun ti ngongora ngandelkeun si belang, awak urang moal kalatih, moal kuat. Urang bakal hengker,” ceuk Aki Jaya.
“Enya, Ki, uing ngarti,” tembal Suba ditungtungan ku seuri.
Optanana patutur laleumpang deui. Panghareupna Suba, ditema ku Aki Jaya, Asmita jeung Atus. Taya nu nyarita. *** Nyambung