Putri Anjungsari (60), Amprok deui jeung Prajurit Cirebon nu keur Ngungudag urang Pajajaran

- 19 Maret 2023, 05:30 WIB
Putri Anjungsari
Putri Anjungsari /

ATUS ngabelehem. Gek diuk gigireun Aki Jaya. Ngusapan gado, kawas nginget-nginget kana kajadian nu kalamanana, terus garo-garo teu ateul. Aki Jaya teu barang geureuh, kitu deui Gingin. Nu kakara sadar keuna sirep biasa sok kitu. Malah lamun teu kuat mah mentalna sok tuluy hulang-huleng sarta hese pikeun sabihara-bihara deui.

“Ki, mangkat ti heula,” ceuk Gingin.

“Jung burukeun,” tembal Aki Jaya.

“Ka, uing ti heula,” ceuk Gingin  ka Atus.

Atus ukur unggeuk.

“Tong rusuh teuing. Nu penting, Aki tepi ka darmaga pameuntasan, Gingin  geus aya di ditu,” ceuk Aki Jaya.

Gingin unggeuk. Belesat lumpat, angger teu mapay jalan, tapi mapay sisi huma.

Saditinggalkeunana ku Gingin, Aki Jaya jeung Atus ngaberetem. Aki Jaya teu wanieun nanyakeun naon kajadian naon nu kaalaman ku Atus. Masing diseleksek oge Atus kawasna moal nyarita nanaon, lantaran dipohokeun tea. Tapi Aki Jaya, yakineun Atus hiji mangsa mah bakal ingeteun kana kajadian nu karandapanana.

Kaluman balem wae, rek sapok-pokeun Aki Jaya nyarita, ti beulah kulon ngurunyung, tilu urang lalaki, diiringkeun ku nu tumpak kuda, tilu urang. Aki Jaya jeung Atus taki-taki. Tapi henteu terus nangtung, angger wae diuk, bari paromanana nembongkeun teu kapangaruhan nanaon, malah siga anu api lain.

Barang nyahoeun aya nu keur dariuk dina kuta, nu tumpak kuda eureun, kitu deui nu laleumpang. Malencrong ka Aki Jaya jeung Atus. Nempo lalaki nu leumpang, Atus asa kungsi panggih maranehna, tapi di mana jeung saha. Atus gigisik. Nyoba-nyoba nginget-nginget saha maranehna. Di darmaga Citarum mah teu kungsi panggih.

“Janari wayah kieu aya di dieu?” ceuk salahsaurang nu tumpak kuda, lentongna siga urang weta, siga urang Cirebon.

“Reureuh,” tembal Aki Jaya pondok.

“Na tas mana?”

“Balik ti patilasan di sisi Citarum,” ceuk Aki Jaya.

“Teu panggih jeung kula di ditu, geuning?”

“Kungsi panggih jeung batur di dinya, ngan bebejana mah terus ka kulon. Andika  bet ka dieu?”

“Lain, kula rek nanya, kungsi panggih jeung jalma duaan, awewe jeung lalaki, ngaliwat ka dieu?”

Atus ngahuleng ngadenge patalekan nu tumpak kuda. Asa kungsi nempo jalma nu ditanyakeunana teh. Tapi di mana, jeung iraha, lebeng teu ingeteun. Tapi Atus teu nyarita nanaon.

“Kami mah teu nempo. Kumaha iliang, kungsi nempo?” ceuk Aki Jaya ka Atus. 

Atus gideug.

“Nya, eunggeus ari teu nempo mah.”

“Saha kitu? Ku naeun diteangan?” ceuk Aki Jaya.

“Hayang nyaho wae sampean mah,” ceuk nu tumpak kudu rada nyentak.

Aki Jaya jeung Atus kerung. Silih teuteup. Helokeun naha ditanya kitu ujug-ujug wera jeung ambek.

Make basa Cirebon, nu tumpak kudu cacarita jeung baturna. Dibandungan ku Aki Jaya mah keur baradami. Teu lila anu tiluan baralik deui ka kulon. Ari nu tarumpak kuda mah sajongjongan nitenan kaayaan. Aki Jaya jeung Atus teu openan, bisi maranehna curiga, tadi oge nanyakeun saha jeung ku naon diteangan siga nu teu narima.

“Kami ti heula,” ceuk nu tumpak kuda bari ngenyed eles kudana.

“Rampes,” tembal Aki Jaya.

Tiluanana, patutur neruskeun deui lalampahanana ka kaler. Kudana henteu ditegarkeun lantaran jalanna hara-haraeun keneh, naek turun. Masing sina lumpat oge, kudana moal bisa tarik. Malah kudana bisa tikosewad. Tambah deui jalanna leueur lantaran kacaian ku cireumis nu narapel dina jukut.

“Rek neangan deui, kitu?”

“Sigana mah.”

“Saha nya nu diteanganana?”

“Kateuing.”

Aki Jaya nangtung. Kitu deui Atus. Lila teuing diuk bari hawa janari sakitu tirisna, matak titingkueun. Babatek. Atus mah lajag-lejeg. Keur kitu jebul Asmita jeung Suba. Asmita neuteup Atus, nepakan pundukna. Paromanaa siga anu bungah nempo Atus geus sabihara-bihari deui. Teu kawas tadi, ngalempreh.

“Dikumahakeun, Ki?” ceuk Asmita ka Aki Jaya.

“Teu dikukumaha. Aki ka dieu geus sadar.”

“Enya atuh, piraku jawara Panjalu bisa keuna ku sirep,” ceuk Asmita bari seuri.

“Ih, Aka mah,” tembal Atus rada baketut.

“Geus ngadongeng, Ki?” ceuk Asmita ka Aki Jaya. Maksudna naha Atus geus nyaritakeun kajadian nu karandapanana.

“Geus lah, ke geus salse urang tanggap,” ceuk Aki Jaya. “Hayu, urang teruskeun leumpangna, ambeh datang ka darmaga Cimanuk teu beurang teuing.”

“Teu cape, Ba?” ceuk Aki Jaya ka Suba.

“Cape mah tumpak si belang wae, Ki,” tembal Suba.

“Mun ti ngongora ngandelkeun si belang, awak urang moal kalatih, moal kuat. Urang bakal hengker,” ceuk Aki Jaya.

“Enya, Ki, uing ngarti,” tembal Suba ditungtungan ku seuri.

Optanana patutur laleumpang deui. Panghareupna Suba, ditema ku Aki Jaya, Asmita jeung Atus. Taya nu nyarita. *** Nyambung

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x