Putri Anjungsari (12)

30 Januari 2023, 06:00 WIB
/

Pakuan Pajajaran

LIWAT tengah peuting. Saurang lalaki umur tengah tuwuh, pangawakanana leutik pécékrék tapi tangginas jeung rancingeus ngadeukeutan tangkal paku nu dipelak ngapit jalan nu rubakna kurang leuwih tilu deupa.

Kaayaan sabudeureunana réhé combrék, tatangkalan siga nu keur saré tibra. Maredem, kawantu keur waktuna purnama poék. Di langit ukur béntang nu tingkariceup, sakapeung kahalangan méga hideung nu arak-arakan ka wétankeun.

Ti lebah tangkal paku katempo belegbegna bangunan nu kawilang badag, rada anggang ti dinya. Taya cacaangan, oncor nu ditangtungeun di unggal juru jeung di hareupeun golodog taya hiji ogé nu diseungeut.

Ti jero bangunan nu dijieun tina kai téh teu témbong cahaya nu mubus kaluar. Sigana di jerona ukur aya palita nu nyenét sagedé kacang héjo. Katempona téh geueuman pisan, siga nu dijaga ku mangpirang-pirang bangsa lelembut.

Tangkal paku dua nu ngapit jalan téh lawang saketéng asup ka salasahiji karaton ti tujuh karaton. Bangunan karatonna misah-misah, henteu ngahiji, ngan henteu pajauh, masih kénéh saamparan, sarta téh teu jauh ti Ci Pakancilan, walungan nu meulah Pakuan Pajajaran.

Ti karaton hiji ka karaton hiji deui malah aya dipisahkeun ku Ci Pakancilan jeung taya sasak. Urang luar mah moal apaleun karaton nu mana nu dipaké dumuk ku raja.

Lalaki pécékrék bieu nyalingker ka satukangeun tangkal paku. Rurut-rérét, kawas aya nu ditéangan. Geus kitu mencrong ka lebah bangunan karaton, laju tanggah nempo langit.

Teu lila kadéngé nu leumpang lalaunan ngadeukeutan ti lebah tukangeunana. Lalaki pécékrék malik. Bréh téh, dua urang lalaki nyampeurkeun. Duanana ditotopong warna hideung. Leungeun katuhuna diasupkeun ka jero bajuna nu sarua warnana hideung.

Bari teu nyarita nanaon, tiluanana bareng muru ka Ci Pakancilan. Can ogé tepi ka sisi Ci Pakancilan, pating belesat opat urang miheulaan. Lalaki pécékrék jeung nu duaan nuturkeun, nyérépét lumpat siga nu teu napak dina lemah.

Di lebah rungkun haur gereng, tujuhanana ngaraas Ci Pakancilan, ngaluncatan batu-batu nu taringgul. Cai teu kadéngé séahna, siga nu ngadadak henteu ngalir, padahal lebah dinya téh walungan rada mudun.

Geus rada jauh ti walungan, di lebah ngarunggunukna tatangkalan jeung rembet ku rungkun saliara tepi ka lebah dinya mah harieum jeung caranéom, tujuhanana ngarandeg, narangtung ngajajar, nyanghareup ka lebah walungan.

Paromanana kabéh daria pisan. Ambekan ogé teu sirikna ditahan. Taya nu nyarita saurang ogé. Panonna kabéh ogé ngulincer ka sabudeureunana, najan nu katempo téh ukur poékna peuting nu awor jeung belegbegna tatangkalan.

Teu kanyahoan ti mana holna di gigireun lalaki pécékrék geus ngabedega saurang lalaki nu pangawakanana jangkung leutik, maké totopong hideung nu saulas jeung warna pakéanana.

Puguh waé lalaki pécékrék téh rada ngaranjug. Kitu deui nu genepan. Malah nu duaan nu marengan lalaki pécékrék mah maju saléngkah sarta nyanghareup ka lalaki jangkung leutik. Tapi sanggeus sidik saha nu ujug-ujug ngabedega téh mundur deui.

“Geus meujeuhna miang,” ceuk lalaki nu anyar datang semu ngaharéwos.

“Luyu jeung waktuna,” témbal lalaki pécékrék sarua sorana halon.

Lalaki anyar datang téh ngadeukeutan lalaki pécékrék. Nepak taktakna. Kitu deui ka nu opatan, dipapay saurang-saurang. Anu duaan nu marengan lalaki pécékrék mah henteu dikukumaha téh.

“Dia jung nguriling deui. Bisi urang Banten geus aya nu bisaeun mubus,” ceuk lalaki anyar datang ka nu duaan.

Anu duaan nyampeurkeun lalaki pécékrék nu ayeuna mah ngadadak siga nu malaweung. Anu opatanana ogé sarua kaayaanana téh. Saurang-saurang ngarangkulan lalaki pécékrék bari teu ngomong sakemék ogé.

Geus kitu ngalieuk ka lebah lalaki anyar datang. Unggeuk, terus ngabelesat lumpat tarik muru ka lebah walungan. Lumpatna angger sina nu napak kana taneuh, malah jukut nu kaliwatanana ogé siga nu teu katincak.

“Hayu,” ceuk lalaki anyar datang bari ngalengkahkeun sukuna.

Anu limaan nuturkeun. Pairing-iring. Genepanana leumpang ka beulah kalér. Mubus poékna peuting, mubus rungkal saliara jeung sasalingkeran dina rajegna tatangkalan.

Anu limaan najan kudu kukurusukan di nu bala, najan kudu tikrarait dina rungkun saliara, najan kudu seseléké dina sela-sela kai, témbong siga nu keur nyorang jalan ngabulungbung. Laleumpangna téh sakapeung ngulon, ka wétan, ngidul, jeung ngalér deui.

Janari gedé, anjog ka mumunggang pasir ipis nu kakayonna paselang huma garung, huma nu ditinggalkeun, geus henteu dipolah deui. Dantep sina rembet ku rungkun saliara jeung tatangkalan nu laleutik kénéh.

Hateup saung ranggonna, tina eurih loba nu geus caroplokan, tihang awina ogé geus barobo. Tarajé paranti unggahna geus ngajéngjéhé, tali injuk nu meungkeutna geus lalésotan, ngarumbay ka handap, awir-awiran.

Lalaki jangkung leutik nu ti barang indit ti sisi Ci Pakancilan leumpangna panghareupna, ngarandeg. Anu limaan nu paromanana masih kénéh bangun nu malaweung siga anu keur kabur pangacianana sarua ngeureunkeun léngkahna.

Lalaki jangkung leutik nepakan deui taktak nu limaan. Sanggeus ditepak taktakna mah nu limaan kawaa nu sadar tina ngalindur. Papelong-papelong. Lalaki pécékrék ngusap beungeutna bari biwirna kunyam-kunyem.

“Lot, kula tepi ka dieu. Kula arék balik deui,” ceuk lalaki jangkung leutik.

“Muga rahayu,” témbal nu disebut lot, lalaki pécérék téa.

“Daria sakabéh muga tepi ka nu dijugjug,” ceuk lalaki jangkung leutik bari malikkeun awakna ka beulah kidul. Geus kitu belesat lumpat siga bangun hampangeun pisan, teu béda jeung lumpat kidang. Dina waktu sakolépat geus henteu katempo deui.

Anu limaan ngarénghap panjang. Bari jeung nu kacida beurateunana nu limaan téh neruskeun deui leumpangna, mapay jalan satapak nu méh geus teu kaciri, katutupan ku jukut jeung kalakay, lantaran geus arang diliwatan.

Hawa kacida pisan tirisna, di wewengkon nu tiis katambah deui keur wanci janari, wanci panggenah-genahna keur saré. Cireumis geus narapel dina jujukatan. Langit lénglang, taya méga hideung pihujaneun.

Lalaki pécékrék leumpang panghareupna, ngaranna téh Kaya. Ku sabab geus boga umur, élmu panemu, luang, pangalaman, jeung pangabisana onjoy babakuna dina kabatinan sarta dipikolot, sok disarebut Olot. Keur ngorana kungsi jadi prajurit, malah kungsi jadi pamanggulna.

Anu leumpangna pangtukangna, pangawakanana seseg, jangkung, leuwih ngora batan Olot Kaya, ngaranna Béna, anak salahsaurang puragabaya, pasukan husus nu ngawal raja Pajajaran.

Ngan bapana geus lila henteu dumuk di Pakuan Pajajaran, kitu deui puragabaya séjénna. Kabéh puragabaya marengan rajana nu kapaksa kudu ngungsi ka Pulosari, di tutugan Gunung Palasari. Malah rajana téh diistrénanana ogé di Pulosari.

Kadua ti pangtukangna, sapantar jeung Béna, ngaranna Rait, rada pendék saeutik ti Béna. Pangawakanan sarua seseg, sorot panonna seukeut siga mata heulang.

Gerakanana ogé rancingeus. Mun lumpat siga nu hampangeun pisan, nincak kana lemahna téh ukur tungtung sukuna.

Boh Béna, boh Rait, duana prajurit Pajajaran. Béna mahér dina ngulinkeun bedog, ari Rait mibanda kaahlian dina nyintreuk batu leutik atawa naon waé nu saukuran.

Olot Kaya, Béna jeung Rait, meunang pancén ngawal Putri Anjungsari nu ku bapana dititah kudu gancang miang ka Kawali. Putri Anjungsari leumpangna hareupeun Rait, tukangeunana pangasuhna nu ngaranna Ranah.

Ku Ranah, Putri Anjungsari méméh kaluar ti kadaton geus diropéa pakulitanana ku cara dibalur ku ramuan nu dijieun tina dangdaunan tepi ka teu katémbong kawas putri raja, teu béda jeung somahan waé.

Sabot leumpang téh taya nu nyarita. Haténa galécok, cus-cos ka ditu ka dieu. Haténa nalangsa kabina-bina, kudu ninggalkeun Pakuan Pajajaran dina kaayaan kitu, dina kaayaan beuki bangreung jeung tambah pikahariwangeun.

Kituna téh sabada salahsaurang mantri karajaan nu kaasup kapercayaan raja hianat, biluk ka Banten tepi ka rusiah karajaan nyahoeun, kaasup kakautan prajurit jeung taktik karajaan dina nohagaan bénténg Pakuan Pajajaran.

Béna jeung Rait mun teu ngingetkeun paréntah raja mah moal ieuh lunta ti Pakuan Pajajaran. Pajajaran keur meumeujeuhna genting, keur ngayonan panarajang urang Banten nu geus lila ngepung Pakuan Pajajaran.

Alatan bénténg nu dijieun jaman Sri Baduga Maharaja, urang Banten jeung baladna-baladna taya saurang nu mampu asup ka Pakuan Pajajaran, malah sakur nu ngadeukeutan bénténg, réa nu tiwas. Béna jeung Rait ogé tohtohan sangkan urang Banten teu bisa mubus ka Pakuan Pajajaran.

Balad-balad Banten réa nu hemar-hemir barang nempo kaayaan bénténg Pakuan Pajajaran. Parigi nu jero, dihapit ku gawir nu tangtawing, hésé rék meuntasna.

Unggal prajurit Banten nu ngadeukeutan geus pasti dibagéakeun ku panah nu ngabelesur. Kungsi urang Banten téh nuar tangkal kai deukeut gawir, sarta sina rungkad dina dua gawir téa, laju dipaké meuntas.

Tapi kalah ka réa nu tiwas, alatan prajurit Pakuan Pajajaran jadi leuwih gampang meruhkeunana.*** (Hanca)

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler