Rakor Lintas Sektoral Operasi Ketupat Lodaya 2024 di Kabupaten Majalengka dina Raraga Idul Fitri 1445 H

- 29 Maret 2024, 09:00 WIB
rapat koordinasi lintas sektoral Operasi Ketupat Lodaya 2024 dina raraga pangamanan Idul Fitri 1445 H di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka, Kemis (28/3/2024).
rapat koordinasi lintas sektoral Operasi Ketupat Lodaya 2024 dina raraga pangamanan Idul Fitri 1445 H di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka, Kemis (28/3/2024). /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID -Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si., CPHR., mingmpin rapat koordinasi lintas sektoral Operasi Ketupat Lodaya 2024 dina raraga pangamanan Idul Fitri 1 Syawal 1445 H di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka, Kemis (28/3/2024).

Ieu rapat diluuhan ku Pj Bupati Majalengka anu diwakilan ku Asda 1, Forkopimda Majalengka, Kepala Dinas, Instansi pamarentahan, kepala BUMN, ketua organisasi sa-Kabupaten Majalengka, sakumna pajabat utama, jeung kapolsek jajaran Polres Majalengka katut ondangan lianna.

Kapolres AKBP Indra Novianto, ngahatur nuhunkeun kana partisipasi sakumna pihak anu hadir dina rapat eta. Inyana netelakeun, rapat koordinasi teh bagean ti komitmen sarerea keur ngajaga katartiban tur kaamanan masarakat dina Idul Fitri 1445 H taun 2024.

Baca Juga: Tim Itwasda Polda Jabar Gelar Kagiatan Pengawasan Operasi Pekat I Lodaya 2024 di Polres Majalengka

"Rakor lintas sektoral Operasi Ketupat Lodaya 2024 janten skala prioritas dina palaksanaan pangamanan operasi kemanusiaan salami 13 dinten, ngawitan kaping 4 dugi 16 April 2024," ceuk Kapolres.

SKapolres AKBP Indra Novianto netelakeun fokus utama Operasi Ketupat Lodaya ngajaga kasalametan sarta kaamanan warga masarakat anu mudik jeung dina balikna deui, sarta kagiatan lianna saperti sholat Id, silaturahmi, katut rekreasi di lokasi wisata.

"Dina kituna potensi pergerakan masarakat anu ngronjat nalika mudik lebaran taun 2024, tos diantisipasi titik-titik rawan kajantenan kecelakaan lalu lintas," ceuk AKBP Indra Novianto.

Kapolres AKBP Indra Novianto, ngungkabkeun, bakal diterapkeun sistem satu arah (one way) jeung contra flow di ruas tol Cipali. Polres Majalengka oge geus nyiapkeun konsep pangamanan jeung sandi Operasi Ketupat Lodaya 2024, ngaubtkeun personel Polres Majalengka, TNI Kodim 0617 Majalengka, jeung unsur masarakat lianna.

Baca Juga: Sinergi Ngajaga Kamtibmas di Bulan Romadon, Sat Samapta Polres Majalengka jeung TNI Turun ka Lapangan

"Parantos disayogikeun pos pengamanan, ngalaksanakeun one way oge contra flow, sarta nempatkeun personel dina titik-titik bermasalah kangge ngantisipasi kamacetan oge kepadatan arus mudik lebaran," ceuk Kapolres.

Rapat koordinasi ieu dipiharep ngamantepkeun koordinasi, rukun gawe, sinergitas, jeung soliditas sakumna pihak pikeun ngajaga situasi kamtibmas anu kondusif salila perayaan Idul Fitri 1445 H.

Dandim 0617/Majalengka

Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P hadir dina rakor lintas sektoral operasi ketupat lodaya 2024 dina raraga Pengamanan Idul Fitri 1445 H tingkat Polres Majalengka, tempatna di Aula Kanya Wasistha Polres Majalengka Jl. KH Abdul Halim Kelurahan Cigasong, Kecamatan Cigasong, Kabupaten Majalengka, Kemis (28/3/2024).

Ditepungan rengse kagiatan, Dandim 0617/Majalengka Letkol Inf Dudy Pilianto, S.Pd., M.I.P., nyebutkeun personel TNI ti Kodim 0617/Majalengka saperti taun samemehna, anu dikoordinatoran ku Polres Majalengka, siap mere pangamanan ka masarakat dina mapag Hari Raya Idul Fitri 1445 H.

"Personel Kodim Majalengka siap sinergi sareng kapulisian dina hal ieu Polres Majalengka katut instansi sanesna dina pangamanan mapag Idul Fitri. Personel TNI ti Kodim Majalengka siap aub dina operasi Ketupat Lodaya 2024, di wilayah Kabupaten Majalengka, Jawa Barat,” pokna.

“TNI dina hal ieu Kodim Majalengka, siap ngabackup sareng aub dina operasi Ketupat Lodaya 2024, kangge masihan rasa aman ka masarakat huduson masarakat anu ngarayakeun Hari Raya Idul Fitri 1445 H,” ceuk Dandim.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x