KH Acep Adang Cumeluk ka Alumni Pesantrèn Cipasung Tasilmalaya Sangkan Ngadukung AMIN

- 12 Desember 2023, 08:36 WIB
KH Acep Adang jeung  Muhaimin Iskandar.
KH Acep Adang jeung Muhaimin Iskandar. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID -Ketua Yayasan Pondok Pesantren Cipasung Tasikmalaya, Dr KH Acep Adang Ruhiat cumeluk ka sakumna alumni Pondok Pesantren Cipasung sangkan ngabuleudkeun tèkad ngunggulkeun pasangan Anies Baswedan-Muhaimin Iskandar (AMIN) dina Pemilu 2024.

KH Acep Adang umajak ka sakumna alumni Cipasung di saban daerah, utamana di Jawa Barat sangkan bajoang sakuat tanaga ngunggulkeun pasangan AMIN nu dianggap mibanda kasang tukang nu hadè, bersih, jeung mibanda luang mingpin.

"Simkiuring umajak ka para alumni  sareng network Pondok Pesantren Cipasung di mana waè ayana ngarèkèpkeun barisan sasarengan ngadukung tur ngunggulkeun pasangan AMIN dina Pilpres 2024," ceuk KH Acep Adang Ruhiat, Ahad 10 Desember 2023..

Baca Juga: Dialog Capres 2024 jeung PWI, Anies Baswedan: ‘Tong Méré Dahareun ka Buzzer’

Ceuk ieu adi Rois 'Am manten PBNU jaman Gusdur, KH Ilyas Ruhiat pasangan Anies Baswedan-Muhaimin Iskandar (Gus Muhaimin) teh representatif kaum santri tur mibanda  komitmen kaislaman nu kuat.

KH Acep miharep para alumni Pondok Pesantren Cipasung jeung para santri di Indonesia teu dapon dina milih pamingpin nasional. Komo deui calon presiden jeung calon wakil presiden.

KH Acep nyebutkeun calon pamingpin nasional kudu nyunponan kriteria nu tangtu saperti amanah, cerdas, mibanda kasang tukang manjng katut profesional.

"Capres sareng cawapres ogè kedah ngagaduhan komitmen komunitas kaislaman jelas dugi ka engkèna upami kapilih mangka baris mampuh merjoangkeun kapentingan umat Islam jeung sakumna èlèmèn bangsa sèjènna," ceuk ieu tokoh Nahdlatul Ulama teh.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x