Galura Cetak II Oktober 2023, Ngarumat Pusaka Alusna Make Teknologi, Peuyeum Kroto Asakna Jumaah Kaliwon

- 11 Oktober 2023, 06:00 WIB
Galura cetak II Oktober 2023 ngangkat soal meresihan barang pusaka nu masih tradisional.
Galura cetak II Oktober 2023 ngangkat soal meresihan barang pusaka nu masih tradisional. /Nanang S/Galura.co.id


GALURA.CO.ID -Dina Galura cetak II Oktober 2023, medal Rebo, 11 Oktober 2023, diguar ngeunaan penting ngarumat barang pusaka, babakuna nu dijieun tina logam, ngamangpaatkeun teknologi.

Pangna Galura cetak II Oktober 2023 ngangkat bahasan utama soal eta lantaran barang-barang pusaka nu diberesihanana sataun sakali dina bulan Mulud, ti taun ka taun kaayanana pikamelangeun wae alatan tai hiangan atawa korosi.

Salila ieu, ceuk Galura cetak II Oktober 2023, lantaran ngaberesihanana ku cara tradisional keneh, dikumbah ku cai kembang, digosok ke jeruk mipis atawa ku calingcing. Geus kitu diunun dina haseup menyan nu cenah ngandung minyak.

Baca Juga: Di Lembur Siluman Rawa Onom Kota Banjar Lahir Wayang Geugeus, tina Kaarifan Lokal

Jeruk mipis jeung calingcing memang ngandung zat asam ngan kandunganana saeutik. Zat asam teh gunana sangkan barang atawa pakakas teu keuna korosi.

Sangkan hasilna leuwih maksimal barang pusaka nu dijieun tina logam, alusna diberesihan ku zat asam anu kuat, ngarah barang pusaka teu keuna ku korosi. Lebah dieu urang ulah gugon kana tradisi.

Tulisan sejenna dina Galura cetak II Oktober 2023 ngeunaan Nelesan di Desa Nagarapageuh, Kecamatan Panawangan, Kabupaten Ciamis nu masih keneh jadi bahan paguneman. Kituna lantaran salian ti diberesihanana ku urang luar Nagarapageuh oge diberesihanana caliweura.

Rubrik Warna-warni midangkeun tulisan ngeunaan peuyeum kroto nu asakna Jumaah Kaliwon. Eta sababnya nyieun peuyeum kroto, kadaharah has Ciluncat, Desa Ciparigi, Kecamatan Sukadana, Kabupatem Ciamis, mah sabulan sakali. Anu nyieun peuyeum kroto kudu dina kaayaan suci jeung ulah ngomong.

Baca Juga: Di Babakan Desa Ciparigi Kabupaten Ciamis Aya Jalan nu Dingaranan Jalan Candi Aspal

Alat transportasi jaman Pajajaran dipedar dina rubrik Nyukcruk Galur.Dilengkepan ku tulisan ngeunaan highway Pajajaran nu ngajenggelek jadi jalan Tol Cipali jeung pedaran Museum Transfortasi nu aya di TMII, Jakarta.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x