Tulisan lianna: Nu Dipulang ku Kahanjelu, anak kukut nu geus gede sarta nyahoeun lain kolot tegesna leuwih milih cicing di indung bapana. Padahal ku indung bapa kukutna dirorok ti leuleutik tepi ka rumaja.
Rubrik Macangkrama midangkeun MC sohor di Kabupaten Ciamis nu jadi MC alatan kataji ku pidato kuwu Mandalare, Kecamatan Panjalu. Pangalamanana jadi MC matak pogot macana.
Ais pangampih Galura satekah polah midangkeun tulisan hasil liputan wartawanna nu langsung turun ka lapangan. Tina kituna warta-warta dina Galura unggal medalna bisa disebutkeun eksklusif.***