Serikat Buruh Ngangluh ka Kapolres Majalengka, Bupati Majalengka Narah Nepungan Buruh nu Unjuk Rasa

- 30 April 2023, 08:07 WIB
Kapolres Majalengka dibarengan ku Wakapolres Majalengka katut PJU Polres Majalengka ngalaksankeun silaturahmi bareng Elemen Buruh (SP/SB) mapag Hari Buruh Internasional, tempatna di Situ Cipanten, Jumaah (28/4/2023). Para buruh bakala  Bupati Majalengka tacan kungsi nepungan buruh nu unjuk rasa.
Kapolres Majalengka dibarengan ku Wakapolres Majalengka katut PJU Polres Majalengka ngalaksankeun silaturahmi bareng Elemen Buruh (SP/SB) mapag Hari Buruh Internasional, tempatna di Situ Cipanten, Jumaah (28/4/2023). Para buruh bakala Bupati Majalengka tacan kungsi nepungan buruh nu unjuk rasa. /Ayank /Galura

GALURA -Sakumna serikat buruh di Kabupaten Majalengka humandeuar Bupati Majalengka, Karna Sobahi, salila ieu tacan pernah nepungan buruh nu unjuk rasa. Hal eta ditepikeun ku para buruh ka Kapolres Majalengka waktu ngagelar silaturahmi jeung serikat buruh di Situ Cipanten (20/05/2023) dina raraga mapag May Day, 1 Mei.

Silaturahmi jeung serikat buruh harita, Kapolres Majalengka dibarengan ku Wakapolres Majalengka katut PJU Polres Majalengka. Harita para buruh bruk-brak ka Kapolres Majalengka, di antarana ngeunaan Bupati Majalengka nu siga narah nepungan para buruh nu unjuk rasa, kaasup dina May Day jeung dina soal UMK.

Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K. nyebutkeun silaturahmi jeung elemen buruh teh aya patalina jeung May Day. Lian ti nyabit Bupati Majalengka nu taca sakali oge nepungan buruh nu unjuk rasa, para buruh nyebutkeun dina May Day jeung dina unjuk rasa bakal ngajaga katartiban jeung kaamanan.

Baca Juga: Arus Balik Lebaran 1444 H, Kapolres Majalengka Ngaroris Siapna One Way di jalan Tol Cipali

"Hatur nuhun kangge sakumna serikat buruh Majalengka nu tos ngapresiasi kana tarekah katut tindakan Polres Majalengka dina ngajaga situasi Kamtibmas di Kabupaten Majalengka,” ceuk AKBP Indra Novianto.

May Day atawa Hari Buruh Internasional nu dipieling unggal tanggal 1 Mei di 80 nagara, kaasup di nagara urang, dijadikeun libur nasional.

Di nagara urang, May Day ditetepkeun jadi poe libur nasional diatur dina Keputusan Presiden Republik Indonesia Nomor 24 Taun 2013 ngeunaan Penetapan Tanggal 1 Mei sebagai Hari Libur nu ditandatangan ku Presiden Susilo Bambang Yudhoyono di 29 Juli 2013.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x