Nu Mudik Lebaran 1444 Katarajang Gering di Rest Area Km 166, Ditulungan ku Kapolres Majalengka

- 21 April 2023, 03:46 WIB
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K., dibarengan ku Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K.,M.I.K.,  nulungan  nu mudik nu gering di Rest Area Km 166 Tol Cipali Wilayah Kabupaten Majalengka, Rebo peuting (19/4/2023).
Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K., dibarengan ku Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K.,M.I.K., nulungan nu mudik nu gering di Rest Area Km 166 Tol Cipali Wilayah Kabupaten Majalengka, Rebo peuting (19/4/2023). /Ayank R Sambara/Galura

GALURA - Dina raraga Operasi Ketupat Lodaya 2023 nu dilaksanakeun mangsa Lebaran 1444 Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto,S.I.K., dibarengan ku Wakapolres Majalengka Kompol Bayu Purdantono, S.I.K.,M.I.K., nulungan nu mudik nu gering di Rest Area Km 166 Tol Cipali Wilayah Kabupaten Majalengka, Rebo peuting (19/4/2023).

Di Rest Area Km 166 Tol Cipali, harita loba nu ngadon reureuh, lolobana nu mudik Lebaran 1444. "Simkuring katut aparat kapulisan ningal putra nu mudik teu damang campak tur sesek napas. Ku simkuring sarta patugas kasehatan dicandak ka Pos Yan, dibantos supados diubaran saheulaanan," ceuk Kapolres Majalengka AKBP Indra Novianto.

Anu gering teh Raisa, umurna karek sataun. Di satengahing jalan katarajang sesek, eureun di liren di Rest Area Km 166 Tol Cipali, Kabeneran Kapolres Majalengka keur ngaroris kaayaan di dinya, dina raraga ngaroris aparatna dina ngalancarkeun mudik Lebaran 1444 H. Nempo aya nu gering gancang disampeurkeun sarta dibawa ka Pos Yan.

Baca Juga: Carnyam Sunda, Putri Anjungsari (93), Lalaki Anyar Pinanggih teh Bangsa Lelembut, Dititah Sasapu di Raksa Bumi

Nu gering teh sina reureuh sarta dibere fasilitas terminal kontak pikeun ngagunkeun alat bantu nu geus dibawa ku kulawargana. Nu mudik teh mangkat
ti Karawang ngajugjug Mojokerto.

Neni, ibuna Raisa nyebutkeun Raisa keuna kasakit campak jeung sesek saminggu saacan mudik sarta saacan mangkat dipariksa ka dokter anak.

"Pun anak saminggon kapengker tos kaserang kasawat campak, sesek napas balukar campak margi teu aya riwayat asma,"ceuk Neni.

"Hatur nuhun ka Bapa Pulisi getapan ngabantos pun anak," ceuk Neni. “Alhamdulillah, Raisa tiasa sehat deui, simkuring sakulawarga tiasa neraskeun deui perjalanan," ceuk bapana Raisa.

Kapolres Majalengka cumeluk sangkan nu marudik saacan miang ka lemburna sewang-sewangan dipariksa kasehatan. “Anu tadina tos katarajang kasakit. Sateu acan miang konsultasi heula sareng dokter, bili aya nanaon,” pokna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x