OLOT Kaya, Bena jeung Rait katut tukang parahu nu keur mantengkeun hate jeung pikiranana ka Nu Murbeng Alam siga nu teu kaganggu ku nu sasapu. Padahal sasapuna teh mimitina mah di gigireunana pisan. Anu sasapuna oge siga nu teu hariwangeun ngabaribidan nu keur menekung, jarongjon wae sasapu, najan saterusna sasapuna ngajauhan ti tempat mujasmedi.
“Aeh, poho tadi teu dicaram ulah waka sasapu di ditu, bisi ngaganggu ka Olot Kaya,” ceuk Asmita.
“Keun wae, moal ngaganggu,” tembal Aki Jaya.
“Naha? Pan kadengeeun meureun ngagesrukna sapu nyere kana taneuh?” Asmita neuteup ka Aki Jaya.
“Mun nu sasapuna bangsa manusa mah enya bakal ngaganggu,” tembal Aki Jaya.
“Jadi nu duaan lain bangsa manusa?” Asmita ngagurubug.
“Kitu pisan,” ceuk Aki Jaya.
Sarerea carolok.
“Apan tadi arinyana nyarita: arinyana urang dieu, sarta mindeng kadupak ku arurang. Tapi pan urang teu ngarasa ngadupak ka maranehna, teu wawuh ka maranehna, panggih oge karek ayeuna, tapi marenahna mindeng nempo ka urang,” ceuk Aki Jaya nerangkeun.