GALURA - Menteri PUPR, Basuki Hadimuljono, netelakeun, bulan Juni jeung Juli 2023 nu bakal datang, pamarentah baris ngawangun 47 apartemen di Ibukota Nagara Nusantara (IKN), Kalimantan Timur.
Mun pangwangunan geus rengse, eta apartemen teh baris ditempatan ku ASN, anggota TNI jeung anggota Polri.
“Jumlahna 16.900 ASN, TNI jeung Polri. 11 rebu ASN, 5 rebu TNI jeung Polri,” pokna.
Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!
Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi
Status apartemen, ceuk Basuki, rumah dinas. Bisa jadi, cenah, kahareupna eta apartemen teh mun geus ngawujud jeung geus dicicingan, bisa dibeuli ku ASN. Tapi, keur saheulaanan, keur anggota TNI jeung Polri mah, statusna masih rumah dinas.
Ngeunaan bangunan model apartemen, nurutkeun Basuki, nuturkeun konsep hutan kota di IKN. “Konsep pangwangunan apartemen, waragadna sederhana jeung moal ngabutuhkeun lahan
anu lega, pan aya di lingkungan hutan kota tea,” pokna.
Pangwangunan apartemen, luyu jeung konsep forest city, mun modelna lain tower, engkena bisi ngabutuhkeun lahan nu lega, lahan leuweung bisa kaganggu,” pokna.
Baca Juga: Palakiah atawa Cara Ngungkulan Pangaruh Sihir, Teluh atawa Santet nu Halal Numutkeun Islam