Patali kitu, diaku ku Basuki, Presiden Jokowi geus mere parentah sangkan jajaran PUPR, ngayakeun survey heula pikeun ngawangun tower apartemen nu rek dicicingan ku ASN jeung Anggota TNI/Polri.
Cindekna mah, ceuk Basuki, ke para ASN nu bakal mancen gawe di IKN, diharepkeun baroga pilihan, cicing di apartemen atawa imah tapak.
“Kudu disurvey heula, saha nu hayang cicing di apartemen, saha nu hayang landed. Kitu pituduh ti Presiden,” pokna.
Baca Juga: Mikawanoh Elmu Sihir, Aya dina Al Quran tapi Haram mun Dipuhit Komo Diamalkeun
Nurutkeun Basuki, pangwangunan apartemen diduga waragadna ngahontal Rp 9,4 trilyun. Sumberna tina APBN. “ieu pan rumah dinas, jadi biaya pangwangunan ya tina APBN,” pokna. ***