Kasus Subang Can Kaungkab Keneh, Irjen Pol Suntana : Doakeun, Kasusna Teras Dipaluruh

- 28 Januari 2023, 13:15 WIB
Kapolda Jabar Irjen Pol Suntana soal kasus Subang
Kapolda Jabar Irjen Pol Suntana soal kasus Subang /Youtube/Wahyu sEno/

GALURA - Nyeri beuheung sosonggeteun, kitu warga Subang dina nungguan kasus Subang kaungkab teh.

"Kesel, matak bosen, janten curiga, boa pulisi teu maluruh kalawan serius kasus Subang," cek Cahya, urang Jalancagak, Subang, ka Galura.

Munasabah kituna mah.

Baca Juga: Haji Prawatasari Teureuh Panjalu nu Mimiti Bajuang di Cianjur Mibanda Pasukan nu Bisa Lus-Les Laleungi

Sakumaha anu pada uninga, kasus Subang nu ngalantarankeun indung jeung anak Tuti Suhartini (55) jeung Amalia Mustika Ratu (23) ngemasing pati teh, kajadianna geus kawilang lila.

Kajadianna, jejeg geus 17 bulan, sabab mucunghulna eta kasus rajapati tanggal 18 Agustus 2021.

Harita, Yosep, salakina almarhumah Tuti Suhartini jeung bapana Amalia Mustika Ratu datang ka imahna di Jalancagak, Subang.

Baca Juga: Kasehatan Prioritas Utama Kabupaten Ciamis, Bupati: Puskesmas di Panjalu jeung di Cisaga Bakal Dibangun deui

Barang anjog manehna hookeun sabab di imahna ngabayabah getih beureun nu masih keneh seger, ti imah ka garasi.

Curiga aya nanaon, Yosep gancang lapor ka pulisi.

Barang pulisi datang, kanyahoan yen Tuti Suhartini jeung Amalia Mustika geus taya dikieuna. Duanana maot alatan aya nu mergasa.

Baca Juga: Pabukon Komunitas Gada Membaca Mibanda Pojok Digital, Masarakat Bisa Maca Buku dina Aplikasi iPusnas

Ti harita kasus Subang jadi rame, viral. Media oge terus-terusan ngawartakeun kasusna, perkembanganana, ti poe ka poe.

"Manawi teh kaungkabna bakal tereh, eh geunig, dugi ka ayeuna poek keneh," cek Cahya jeung sawatara warga sejenna.

Kajadian atau kasus rajapati Subang teh, nepi ka kiwari memang can kaungkab.

Baca Juga: Tradisi Ngumbah Jimat, Naha Enya Lain Budaya Sunda? Abah Cakra Suwargi: Pangaruh ti Mataram

Cek kapolda

Naha kasus Subang dieureunkeun pulisi?

Tetela henteu geuning ari dieureukeun mah. Eta teh ditepikeun ku Kapolda Jabar Irjen Pol Suntana basa ditalek wartawan di Mapolresta Bandung, Jumaah 27 Januari 2023 kamari.

Nurutkeun kapolda, kasus Subang teh henteu dieureunkeun panalungtikan jeung panyalidikanna. Polisi, cenah, terus maluruh eta kasus malar nu mergasa indung jeung anak nepi ka tiwasna kaungkab.

Baca Juga: Ritual Meresihan Barang Pusaka, Jakob Sumardjo: Bisa Jadi Kapangaruhan Budaya Jawa nu Pola Kakawasaanana 5:1

"Dipaluruh teras," pokna.

Ayeuna, ecesna, panyidiki keur ngalakukeun tes DNA ka kulawarga korbam.

"Nuju tes DNA ka kulawarga korban. Nyungkeun doana we," pokna deui.

Hanjakalkan Kapolda teh teh teu ngajentrekeun saha-sahana nu dites DNA. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x