Runtah Ngunung-ngunung, Kepala Pasar Baleendah: Lolobana Pamiceunan ti Luar

- 28 Januari 2023, 06:32 WIB
runtah ngunung-ngunung di Pasar Baleendah luhurna kana 2 meter, manjang kana 15 meter. *
runtah ngunung-ngunung di Pasar Baleendah luhurna kana 2 meter, manjang kana 15 meter. * /SOPANDI/

GALURA - Geus sababaraha poé runtah ngunung-ngunung di Pasar Baleendah luhurna kana 2 meter, manjang kana 15 meter. Kepala Pasar Baleendah, Kecamatan Baleendah Kabupaten Bandung Ginanjar nyebutkeun, tug tepi ka kiwari runtah ieu can diangkut ku Dinas Lingkungan Hidup (DLH) satempat.

"Biasana DLH  ngakut runtah ti dinten Senén dugi ka Jumaah. Kadang dinten Saptu,” ceuk Ginanjar tina telepon, Jumaah (27/1/2023).

Ginanjar nétélakeun, runtah nu ngunung-ngunung di Pasar Baleendah téh lain dihasilkeun ku pasar wungkul, tapi lolobana mah ti luareun pasar.

Baca Juga: Masarakat Jatinangor Padet, Ateng : Tingtrim Alatan Aparat Surti Kana Potensi Masarakat

"Runtah nu dihasilkeun ku pasar kirang ti 1  kontainer. Seueurna mah ti luar, alatan di wewengkon Baleendah teu aya titik layanan pamiceunan runtah, " ceuk Ginanjar nu keur aya di Purwakarta.

Ngunung-ngunungna runtah di Pasar Baleendah, ceuk Ginanjar luyu jeung ceuk Kepala DLH Asep Kusumah, ku lantaran masalahna di TPA Sarimukti KBB. "Di TPA-na ngantri, sesah miceunna," pokna.***

Baca Juga: Jawa Barat teh Geuninganan Provinsi Waduk

Baca Juga: Rembug Bedas di Kecamatan Margahayu Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Dua Desa

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x