Hujan Ngagebrét tur Rohaka Jumaah Pasosoré Ngabalukarkeun Caah jeung Urug di Pakidulan Garut

- 21 Januari 2023, 14:43 WIB
Ilustrasi musibah alam di pakidulan Garut/kabar-priangan.com
Ilustrasi musibah alam di pakidulan Garut/kabar-priangan.com /

GALURA - Hujan ngagebrét tur rohaka Jumaah 20 Januari 2023 pasosoré kamari, ngabalukarkeun caah jeung urug di sawatara tempat di pakidulan Garut, Kabupatén Garut.

Ngan hadéna waé, kajadianna teu ngadatangkeun korban jiwa. Eta musibah alam, "saukur" ngaruksak sawatara imah jeung bandana, sarta sasak.

Eta hal ditepikeun ku Kepala Pelaksana Badan Penanggulangan Bencana Daerah (BPBD) Kabupaten Garut, Satria Budi.

Baca Juga: Rekoméndasi Piknik ka 'Hidden Gem' Anyar di Bogor, Tempat Wisata Endah Tur 'Instagramable', Pikabetaheun!

Baca Juga: Bunga Désa Dadang Supriatna di Sukanagara Direuah-reuah Pagelaran Wayang Golék Bhatara Séna

Baca Juga: Ningali jeung Dipoto Latar Kembang Sakura Teu Kudu ka Jepang, di Bogor Gé Aya, Rékomendasi Wisata Peré Imlék

Nurutkeun Satria Budi, wewengkon Garut aya poéna teu katinggang hujan, sok sanajan cuaca remen ceudeum.

Hujan kakara turun deui di wewengkon Garut kakara Jumaah 20 Januari 2023 kamari.

Ngan dina sakalina hujan deui, hujanna kawas anu dicicikeun ti langit, ngagebrét jeung rohaka kacida, sajaba ti lila teh. 

Baca Juga: Kantor Bale Desa Budiharja Ciamis Tacan Rengse wae, Meredih deui Bantuan ti Provinsi

Témahna, di sawatara wewengkon Garut aya musibah alam mangrupa, lemah urug, caah jeung ruksakna sasak.

"Kajadianna, nu kacatet nyaéta di Kacamatan Bungbulang, Pamulihan jeung Pakénjeng," cek Satria Budi.

Nurutkeun Satria Budi, balukar hujan silalantang jeung lila, walungan réa nu mudal, terus asup ka imah penduduk.

Baca Juga: Kembaranana Aya di Surabaya Gedong Saté Teu Bisa Dijadikeun Model Arsitektur Sunda

Di Bungbuluang, upamana, balukar walungan mudal, saeutikna tujuh imah kakeueum. Ngan untungna waé caina téréh orot jeung teu ngabalukarkeun korban jwa.

Lian éta, di Bungbulang téh aya ogé sasak nu ruksak ditarajang cai walungan nu rohaka. Kajadianna tumiba ka sasak Waralayan di Gunamekar Kacamatan Bungbulang.

 

Sedengkeun musibah tanah urug, kajadianna di sawatara wewengkon di Pakenjeng, nu ngalantarankeun jalan desa karimbunan taneuh.

Baca Juga: Ketua Déwan Pengawas: Perumda Air Minum Tirta Raharja Bisa Ngagunakeun CSR pikeun Ngokolakeun Leuweung

"Tapi tos dibébérés ku masarakat ku cara mandiri," pokna.***

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x