Anggota DPR RI Tb Hasanuddin, Sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan ka Anggota Pramuka di Majalengka

- 21 Januari 2023, 08:00 WIB
Anggota DPR RI TI Fraksi PDI P sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan di Majalengka (20/01/2023).
Anggota DPR RI TI Fraksi PDI P sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan di Majalengka (20/01/2023). /

GALURA -Kwartir Cabang Gerakan Pramuka (Kwarcab) Majalengka ngagelar sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan, di GOR GMC Majalengka, Jumaah (20/01/2023).

Kwarcab Subang dina Sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan oge masrahkeun Sertifikat Gelang Ajar Tahun 2022.

Sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan diluuhan ku anggota DPR RI teureuh  Majalengka Mayjen (Purn) TB Hasanudin jeung diiluan kurang leuwih 1000 urang wawakil pembina, Ketua Kwarran jeung pangurus Pramuka sa-Kabupaten Majalengka.

Sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan dibageakeun  ti sakumna pamilon.

Baca Juga: Lahan jeung Gedong Kantor Kejaksaan Negeri Majalengka Hibah ti Pemda Majalengka

"Sakumna pembina Pramuka sareng Ketua Kwarran sa-Kabupaten Majalengka supados langkung sumanget ngatik generasi ngora ngalangkungan Gerakan Pramuka," ceuk Ketua Kwarcab Majalengka H.Eman Suherman.

Eman oge ngahaturnuhunkeun ka rengrengan Pramuka di Majalengka nu geus sabarisan dina motekarkeun jeung ngamajukeun Gerakan Pramuka.

"Pamugi sosialisasi Sosialisasi Empat Pilar Kebangsaan tiasa maparin elmu pangaweruh sareng wawasan ka urang sadaya," ceuk Eman nu oge ngajabat Sekretaris Daerah (Sekda) Kabupaten Majalengka ieu.

Dina kasempatan eta, Anggota DPR RI Mayjen TNI (Purn) H TB.Hasanuddin ngamotivasi ka sakumna pamilon sangkan tuluy satekah polah ngawujudkeun impian jeung cita-citana.

Baca Juga: Putri Anjungsari (3)

Keur inyana Pramuka nginspirasi dirina jadi anggota TNI satuluyna bisa asuk Akademi Militer (AKMIL).

"Simkuring urang Majalengka, asalna ti kulawarga basajan," pokna.

Ku kajujuran sarta soson-soson, Tb Hasanuddin  satekah polah bajoang ngawujudkeun cita-cita.

"Alhamdulillah dua ti sadayana simkuring tiasa janten sapertos kiwari. Kajujuran janten utama kahirupan," pokna.

Ceuk ieu anggota Komisi I DPR RI, di Pramuka tembong kahadean, duduluran, persatuan jeung kesatuan.

Baca Juga: Rembug Bedas Ka-17 & 18: Bupati Bandung Nampa Bangbaluh Warga Désa Sukajadi jeung Desa Soréang

Tb Hasanuddin kawilang ngapresiasi kagiatan nu dilaksanakeun Pramuka di Majalengka.

Inyana umajak sakumna pihak  babarengan ngajaga Pancasila, UUD 1945, NKRI jeung Bhineka Tunggal Ika.

"Pancasila janten dasar kahirupan urang sadaya nu ngajantenkeun urang ngahiji," pokna.

"Pancasila teh berkah kangge urang sakumna. Bhineka Tunggal Ika, sanaos benten Suku, Agama, Ras oge Antargolongan namung urang tetep Indonesia," ceuk Tb. Hasanuddin deui.

Sakumna anggota DPR jeung MPR ditugaskapeun pikeun sosialisasi opat pilar kebangsaan, nyaeta Pancasila, UUD 1945, Negara Kesatuan Republik Indonesia (NKRI), jeung Bhinneka Tunggal Ika.

Baca Juga: Kadisparbud: Mun geus Resmi Ditunjuk Jadi Pribumi Binojakrama Wayang Golek Purwa Disparbud Siap

Pancasila ideologi jeung dasar negara. UUD 1945, konstitusi negara. NKRI bentuk negara.

Di panungtung acara TB.Hasanuddin nawarkeun beasiswa ka salasahiji anggota Pramuka nu onjoy dina widang seni nu minton harita.

Anu nguluuhan eta kagiatan Asisten Daerah Bidang Pemerintahan dan Kesejahteraan Rakyat Rd.Muhammad Umar Ma'ruf.

Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Majalengka Hj.Lilis Yuliasih, Kepala Bidang Layanan Kepemudaan Dispora Majalengka Mumu Rudi Harto, sarta tamu ondangan lianna.*** Ayank R Sambara

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x