Ngagumebyarkeun HUT ka-35, Perumdam TBR Majalengka Gelar Bakti Sosial jeung Pangajèn keur Warga

28 Oktober 2023, 16:16 WIB
HUT ka-35, Perusahaan Umum Daerah Air Minum Tirta Bhakti Raharja (Perumdam TBR) Majalengka, Ju /Ayank/galura.co.id

GALURA.CO.ID  –Sababaraha kagiatan bakti sosial digelar keur ngagumebyarkeun HUT ka-35, Perusahaan Umum Daerah Air Minum Tirta  Bhakti Raharja (Perumdam TBR) Majalengka, Jumaah, 27 Oktober 2023.

Runtuyan ngareuh-reuah HUT ka-35 Perumdam TBR, sababaraha kagiatan katut acara digelar di kantor puseur perusahaan. Jejerna "Kita Tingkatkan Integritas Profesionalitas & Sinergitas demi Tercapainya Perusahaan yang Lebih Maju".

Hal ieu nembongkeun sumanget pausahaan pikeun tuluy motekar jeung ngaladenan panghadena keur masarakat.

Baca Juga: Kasang Tukang Muhaimin Jadi Balon Wapres Anies Kawas Cai Ngamalir

Sakumna tamu ondangan, Bupati Majalengka, Wabup Majalengka, Sekda Majalengka, katut Waka Polres Majalengka, Kepala Kejaksaan Kabupaten Majalengka, aub ngagumebyarkeun prestasi katut lalampahan Perumdam TBR.

Direktur Perumdam TBR, Hj. Elina Lukitasari, netelakeun milangkala taun ayeuna memang museurkeun ka sinergitas jeumg ngronjatkeun kinerja, mibanda tujuan ngaronjatkeun pangladen nu leuwih optimal ka masarakat.

Elina Lukitasari  nyebutkeun mieling HUT ka-35 Perumdam TBR Majalengka lain ngan saukur dilaksankeun sacara internal, tapi oge ngaubtkeun masarakat umum jeung konsumen cai nu jadi bisnis utama Perumdam TBR.

Dina bakti sosial,  Perumda TBR nyalurkeun 500 paket sembako ka masarakat nu ngabutuhkeun, masrahkeun santunan ka100 anak yatim jeung masrahkeun reward ka 50 pelanggan.

Baca Juga: Harepan Muhaimin Marengan Anies di Pilpres 2024 Disaluyuan ku PKS Tinekanan

Elina Lukitasari ngucap rasa syukur pihakna bisa ngabagikeun kabungah jeung warga, nu geus ngagumebyarkeun mieling HUT ka-35 Perumdam TBR Majalengka. Ceuk inyana, ieu jadi motivasi keur terus ngaronjatkeun kualitas pelayanan.

"Dina sababaraha kagiatan bakti sosial oge aya sesi ngaleler pangajen kangge karyawan teladan sareng pangajen kangge putra karyawan nu tos nyangking prestasi di widang akademik," ceuk Elina.

Hal ieu nembongkeun komitmen Perumdam TBR Majalengka dina ngajenan kana dedikasi jeung prestasi karyawan, sarta ngamotivasi ka generasi ngora pikeun nyangking kasuksesan dina widang atikan.

Bupati Majalengka, H. Karna Sobahi, ngaapresiasi sababaraha kagiatan sosial nu ngaubtkeun masarakat dina ngagumebyarkeun HUT ka-35 Perumdam TBR Majalengka.

Baca Juga: Muscab VII Pemuda Pancasila Kabupaten Majalengka, Ketua Umum MPN Pemuda Pancasila Ngarojong Anies

"Ieu nangarakeun sumanget sauyunan sareng kontribusi positif pausahaan dina ngamajengkeun karaharjaan masarakat," ceuk Bupati.

Ceuj Bupati, Ieu acara  lain saukur ngagumebyarkeun nu geus dihontal ku pausahaan, tapi oge ngukuhkeun hubungan nu raket antara Perumdam TBR jeung masarakat Majalengka.

Kamandang Bupati, mieling HUT ka-35 Perumdam TBR Majalengka jadi bukti nyata sinergi antara pausahaan jeung masarakat bisa nyiptakeun dampak positif nu signifikan dina ngamajukeun daerah.

"Pamugi sumanget nu aya di  Perumdam TBR Majalengka  tiasa teras kajagi masihan inspirasi pikeun pausahaan-pausahaan lianna kangge ngiring aktif dina ngawangun karaharjaan masarakat Kabupaten Majalengka," ceuk Bupati Karna Sobahi.

Wakapolres Majalengka, Kompol Bayu Purdantono, S.I.K., M.I.K., ngawakilan Kapolres Majalengka, AKBP Indra Novianto, S.I.K., M.Si. oge ngaapresiasi jeung ngarojong ka pausahaan nu geus mere kontribusi penting dina nyadiaakeun cai beresih ka masarakat Majalengka.

Inyana  nandeskeun pentingna integritas, profesionalitas, jeung sinergitas dina nyanghareupan tantangan jeung keur nyangking kasuksesan kahareupna.

"Mieling HUT ka-35 Perumdam Tirta Bhakti Raharja teh momen nu penting kangge ngareuah-reuah naon nu dihontal ku pausahaan. Kajabi ti eta tiasa dijadikeun inspirasi kangge teras motekar kapayunna," pokna.

Wakalpolres nyebutkeun ieu acara ieu  wujud sinergi antara pamarentah, penegak hukum, jeung sektor swasta dina ngamajukeun pelayanan publik tur kulitas hirup masarakat di Kabupaten Majalengka.*** Ayank Sambara

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler