HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

23 Mei 2023, 14:45 WIB
Acara puncak HPN 2023 tingkat Jawa Barat di Hotel Mercure, Karawang, 20 Mei 2023.* /Rosyid EA/

GALURA - Poé Saptu – Minggu, 20 – 21 Mei 2023, geus lumangsung hajat rongkah insan pers Jawa Barat. Lumangsung di 3 tempat di Kabupaten Karawang, runtuyan acara Hari Pers Nasional (HPN) 2023 tingkat Jawa Barat lumangsung lungsur-langsar tur kawilang sukses.

Ti mimiti Saptu (20/5) isuk-isukna diayakeun “Pasanggiri Jaipong Nyi Ronggéng” jeung Gelar Seni Budaya “Napak Jagat Tarumanagara” katut Bazzar UMKM, nu lumangsung di Street Carnival Galuh Mas Karawang, tepi ka peutingna digelar acara Pamasrahan Anugerah PWI Jawa Barat pikeun parapejabat jeung inohong/tokoh, acarana bisa disebutkeun “mulus rahayu” teu kurang itu teu kurang ieu. Palebah kurang saeutik-eutikeun mah, éta geus kawilang lumrah.

Kitu deui isukna, Minggu (21/5), diayakeun acara City Tour ka Puncak Sempur, kalawan direuah-reuah ku pintonan seni ti Dinas Pariwisata dan Kebudayaan (Disparbud) Karawang jeung gim katut lomba lempar pisau, pikeun peserta jeung pangurus PWI sa-Jawa Barat mah, kacida matak sugema.

 Baca Juga: IKWI Jawa Barat Ngagelar Rapat Kerja jeung IKWI Jabar Award

Nu ngaluuhan dina acara puncak HPN Jawa Barat téh, di antarana Bupati Karawang dr. Cellica Nurrachadiana, Kapolres Karawang AKBP Wirdhanto Hadicaksono, Dandim 0604 Karawang Letkol KAV Makhdum Habiburahmanz, Sekretaris Daerah Karawang Acep Jamhuri, Ketua PWI Pusat Atal S Depari, Ketua PWI Jawa Barat Hilman Hidayat, Ketua PWI sa-Jawa Barat,  Ketua Ikatan Keluarga Wartawan Indonesia (IKWI) Pusat Indah Kirana, Ketua IKWI Jawa Barat Jiean Ajiyanpi Novalia, Ketua Federation of Internasional Dance Festival (FIDAF) Pusat, jeung Ketua FIDAF Jawa Barat.

Ketua Umum Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Pusat, Atal S. Depari ngarasa reueus tur sugema ku direuah-reuahna HPN tingkat Jawa Barat di Kabupaten Karawang. Sugemana téh, ceuk Atal, lantaran acarana kawilang rohaka.

Ti isuk-isuk mula tepi ka peuting, runtuyan acara HPN téh magelarkeun rupa-rupa seni budaya Sunda, boh asli ti Karawang boh Jawa Barat sacara umum. Malah aya delegasi ti 3 nagara, nyaeta India, Singapura, jeung Korea Selatan. Éta nagara nu tilu téh mangrupa nagara anggota Federation of Internasional Dance Festival (FIDAF).

Pintonan tari dina HPN 2023 tingkat Jawa Barat di Karawang.*

Baca Juga: Galura Cetak IV Mei 2023, Mahkota Binokasih, Kabupaten Ciamis Mieling Pindahna Puseur Dayeuh Kabupaten Galuh 

“Luar biasa. Salami HPN diayakeun di tingkat provinsi, nembé di Karawang ieu acarana mungguh rohaka. Malah teu kaleuleuwihi saupami sim kuring nyebatkeun, ieu acara HPN di Karawang téh tiasa disebatkeun miniaturna HPN 2023 tingkat nasional di Medan,” ceuk Atal S Depari, basa muka acara Napak Jagat Tarumanegara di Street Carnival Galuh Mas Karawang, Saptu (20/5).

Nurutkeun Atal S Depari, ieu HPN tingkat Jabar di Karawang téh bisa jadi insiprasi anyar pikeun sakumna pelaksanaan HPN tingkat provinsi. Anu dipiharep ku Atal téh henteu kaleuleuwihi, lantaran biasana runtuyan acara jeung acara puncak ngareuah-reuah HPN téh ukur ngagelar paméran, pésta rakyat, jeung seminar. Tapi HPN di Karawang karasa aya bédana, cenah, nyaéta ku dipagelarkeunana seni budaya tradisional.

“Leres, ieu inspirasi anyar. Sim kuring ngahaturkeun pangwilujeng ka penggagas ieu kagiatan. Hébat, luar biasa!" ceuk Atal deui.

"Hiji waktos mah, urang ogan palaku atanapi praktisi budaya sina midang atanapi magelaran dina acara HPN Pusat, urang angkat tema kabudayaan sacara nasional."

Ketua PWI Jabar Hilman Hidayat ogé nganuhunkeun kana perhatian Bupati Karawang Cellica anu kacida ngabagéakeun tur ngarojong pisan pikeun jadi pribumi (tuan rumah) HPN tingkat Jawa Barat. Komo deui, cenah, runtuyan acara HPN Jawa Barat di Karawang teh midangkeun rupa-rupa acara anu rohaka.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (19) : Supata ka nu Jadi Bapa, Manjang Saturunan 

 

HPN lain saukur seremonial

Dina acara di Street Carnival Galuh Mas mah, Saptu (20/5), malah di-launching ogé bedog lubuk ukuran 7,2 méter, anu beuratna 1 ton.

“Bedog lubuk  téh janten simbol perjuangan sareng lambang Karawang," ceuk Bupati Karawang dr. Cellica Nurrachadiana.

Cellica Nurrachadiana ngedalkeun rasa sukurna jeung ngahaturkeun nuhun kana kapercayaan ti PWI Jawa Barat pédah geus mercayakeun Kabupatén Karawang jadi pribumi atawa ‘tuan rumah’ kagiatan HPN tingkat Jawa Barat.

“Ieu kagiatan téh diwangun ku hiji kolaborasi sareng sinergitas sadaya elemen. Ti Pemerintah Kabupaten Karawang, Polres Karawang, Kodim 0604 Karawang, DPRD Karawang, LSM Lodaya nu dikokolakeun ku tokoh seni budaya Nace Permana, dugi ka insan pers ti PWI Kabupaten Karawang nu dipupuhuan ku Aep Saepuloh, sadayana ilubiung kanggo ngadeudeul tur ngarojong ieu kagiatan. Ku kituna, hatur nuhun ka sadaya pihak nu parantos nyukséskeun ieu kagiatan. Mugi-mugi ieu kagiatan téh sanes saukur simbol seremonial wungkul tapi ogé ma’na sagemblengna tiasa ditancebkeun dina diri urang séwang-séwangan," ceuk ieu Bupati anu loma disebut Téh Cellica atawa Téh Celli téh.

Ieu kagiatan, ceuk Téh Celli satuluyna, dipiharep aya dampak positif pikeun kamajuan ékonomi, budaya, sosial, jeung élmu pangaweruh (ilmu pengetahuan) keur sakumna masarakat.

"Karawang gaduh sagalana, gaduh gunung, laut, pertanian, candi jiwa, sareng cikal bakal sajarah Indonesia, Rengas Dengklok. Ieu HPN téh sanés saukur simbol, tapi mampuh ngajaga peradaban bangsa," ceuk Cellica deui.

 Baca Juga: Bintek Pengelolaan Data dan Informasi Geospasial Gawe Bareng Diskomfo jeung Bappedalitbang Majalengka

 

Nu nampa penghargaan PWI Jabar dina acara puncak HPN 2023 tingkat Jawa Barat di Karawang.*

 

 Penghargaan PWI Jawa Barat

Saptu peuting saméméh isukna aya City Tour ka Puncak Sempur di Désa Cintalaksana, Kecamatan Tegalwaru, Kabupatén Karawang, digelar pintonan seni budaya Sunda jeung pamasrahan penghargaan PWI Jawa Barat ka kapala daerah, insan pers, PWI Kota/Kabupaten berprestasi, katut para piunggul lomba, anu lumangsung di Hotél Mercure Karawang.

Penghargaan Pupuhu Pangaping Darma Saharsa dipasrahkeun ka Gubernur Jawa Barat, Darma Raksa Giat Mitra ka Wakil Gubernur Jawa Barat, Darma Raksa Rumawat ka Pangdam III Siliwangi, Darma Mitra Pribumi ka Bupati Karawang, Ajen Parasamya Budaya ka Bupati Kuningan, Ajen Raksa Mitra ka Bupati Bogor, katut Ajen Raksa Mitra ka Plt. Wali Kota Bekasi.

Penghargaan Pupuhu Pangrojong dipasrahkeun ka Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga Provinsi Jawa Barat, Dharma Atikan ka Prodi Ilmu Komunikasi FISIP Unpas jeung Prodi Ilmu Jurnalistik Fikom Unpad.

Penghargaan Pangajen Rumawat Budaya dipasrahkeun ka Budayawan Karawang, Soni Hersona jeung Seniman Penca Silat Nace Permana, sarta penghargaan Pangajen Rumawat Kalawarta dipasrahkeun ka Kin Sanubary.

Pikeun insan pers, penghargaan Pangajen Karya Sewagati dipasrahkeun ka Yayat Hendayana, Pangajen Satya Budaya ka Rosyid E Abby, jeung penghargaan Lifetime Achievement ka Almarhumah Aam Amirah.

Penghargaan PWI Jawa Barat ogé dipasrahkeun ka PWI Kabupaten Karawang, PWI Kabupaten Majalengka, jeung PWI Kabupaten Indramayu. 

Pamungkas, penghargaan dipasrahkeun ka Muspida Kabupaten Karawang.***

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (18) : Lalakon Ki Udi alias Oidipus

Editor: Rosyid E.Abby

Tags

Terkini

Terpopuler