Nyi Roro Kidul teh Bojo Panembahan Senopati, Lain Mahluk Gaib Panguasa Laut Kidul

- 9 Februari 2023, 09:51 WIB
Geopark Ciletuh Kabupaten Sukabumi.  Nyi Roro Kidul lain mahluk gaib, tapi bojo panguasa Mataram (Foto: ticmpu.id)
Geopark Ciletuh Kabupaten Sukabumi. Nyi Roro Kidul lain mahluk gaib, tapi bojo panguasa Mataram (Foto: ticmpu.id) /

GALURA -Masarakat Palabuanratu, Kabupaten Sukabumi, mikawanoh Nyi Roro Kidul nu dianggap panguasa laut kidul nu unggal taun dipéstakeun dina hajat laut. Ngan ayeuna mah dina hajat laut di Palabuanratu geus teu ngalarung hulu munding, tapi ngaleupaskeun tukik, anak kuya.

Hasil panalungtikan jenatna budayawan Anis Djati Sunda suwargi, Nyi Roro Kidul téh lain makhluk gaib, komo nu ngawasa laut kidul mah, kaasup ngawasa laut kidul di wewengkon Palabuanratu.

Ceuk Anis, saenyana Nyi Roro Kidul jalma biasa, lain siluman, tapi putri nu asalna ti tanah Jawa, ti Mataram. Ngan Nyi Roro Kidul nu ieu mah lain nu di Palabuanratu.

Baca Juga: Mundi Ing Laya Hadi Kusumah, Salawasna Tapa, Manusa bakal Bisa ka Jagat Jabaning Langit

Ngaran asli Nyi Roro Kidul teh Ratu Angin-Angin. Masih kénéh aya kakocoran Karajaan Majapahit. Dina sajarah, Karajaan Majapahit runtag alatan ékspansi Demak nu hayang ngalegaan wilayahna.

Taun 1478 Maséhi, di Karajaan Majapahit kajadian perang puputan, Majapahit digempur ku wadyabalad Demak jeung ti Karajaan Daha kalayan dipingpin ku Prabu Girindrawardhana.

Raja Majapahit, Prabu Brawijaya V taluk ku Girindrawardhana. Sakabéh kulawarga jeung katurunan Majapahit burak ti karaton nyalamet diri sakaparan-paran.

Bondan Kejawan, seuweu (anak) Brawijaya V ti selir lumpat ka Karajaan Mataram di Jawa Tengah. Ménta panyalindungan sarta ditarima. Bondan ahirna ngadahup ka Ratu Mataram, Déwi Nawangwulang.

Baca Juga: Babarit, Hajat Tujuh Bulan Kakandungan, Leubeut ku Simbul jeung Siloka

Bondan Kejawan bogaeun siwi (anak wanoja) nu ngaranna Ratu Angin-angin, nu sanggeus rumaja kaceluk ku kageulisanana.

Kageulisan Ratu Angin-angin kaémpér-émpérkeun ka sultan munggaran Kasultanan Islam Mataram, Panembahan Senopati (Ing Ngabehi Loring Pasar, Pangeran Sutawijaya).

Sanggeus nempo sorangan, Panembahan Senopati kapincut ku Ratu Angin-angin. Panembahan Senopati ahirna ngadahup ka Ratu Angin-Angin.

Ku sabab Ratu Angin-Angin lain muslim, para bujangga sastra nyamarkeun Ratu Angin-angin jadi mahluk gaib nu disebut Nyai Roro Kidul. Ka béh dieunakeun jadi mitos ratu siluman pangawasa laut kidul.

Baca Juga: Kawah Putih di Gunung Patuha Kungsi Dianggap Puseur Karajaan Jin, Ayeuna Jadi Destinasi Wisata Unggulan.

Ieu dongeng dijieun sangkan bisa ngajaga kahormatan Panembahan Senopati anu agamana Islam tapi boga pamajikan ka nu teu nganut agama Islam.

Waktu Mataram ngajajah tanah Pasundan, sanggeus Pajajaran burak, kabudayaan Jawa saperti wayang, pupuh jeung sagala dongéng-dongéng urang Jawa dipaksakeun sangkan jadi bagian kapercayaan warga tatar Sunda.

Antukna nepi ka ayeuna naon-naon nu holna ti Jawa geus dianggap jadi budaya Sunda pituin, kaasup dongéng Nyi Roro Kidul. Urang basisir kidul Jawa Barat, masih keneh aya nu percaya Nyi Roro Kidul teh panguasa laut kidul.***

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x