Gunung Galuh Ciamis, Tempat Ngabungbang Bupati Ciamis Jaman Baheula, Ayeuna Dipopohokeun

- 21 Januari 2023, 20:00 WIB
DIna mieling pindahna puseur Kabupaten Galuh ti Cineam ka Imbanagara, unggal 12 Juni, Bupati Ciamis sok jaroh ka makam para bupati Galuh.*
DIna mieling pindahna puseur Kabupaten Galuh ti Cineam ka Imbanagara, unggal 12 Juni, Bupati Ciamis sok jaroh ka makam para bupati Galuh.* /

Tradisi ngabungbang dilaksanakeun unggal tanggal 14 Mulud. Maksud ngabungbang teh miceun rereged nu aya diri, babakuna rereged hate. Teu somahan teu menak kabeh tumplek ka Gunung Galuh.

Tempat nyucina atawa tempat mandina di cinyusu lebakeun makam R. Adipati Adikusuma ayeuna. Kabeh marandi di dinya peuting-peuting, beres mandi terus warudu.

Ti dinya mah bareng tawasulan tepi ka subuh. Reres solat subuh diayakeun sunatan massal, utamana barudak ti kulawarga kurang mampu.

Waragad keur sunatan masal teh kabeh oge ti bupati. Ayeuna oge dina acara hari jadi Kabupaten Ciamis, ari sunatan masal mah aya keneh, ngan ngabungbang mah geus tara dilaksanakeun.

Pangna kitu lantaran anu biasa mingpin ngabungbang geus tilar dunya sarta euweuh gantina.

Baca Juga: Tradisi Nyadap, Ogoanana Tangkal Kawung, mun Pundung Teu Beunang Diolo

Eta oge, nu ngabungbang jeung tawasulan di pasarean R. Adipati Adikusuma masih keneh aya, ngan sipatna pribadi nyaeta nu keur jarah.

Masarakat nu dumuk di sabeudeureun Gunung Galuh ngaharepkeun ngabungbang teh dihirupkeun deui nu diluuhan ku pajabat sareng masarakat Ciamis.

Ku cara ngabungbang urang teu poho kana sejarah Ciamis jeung urang digeuing sangkan ngajaga ucap jeung laku.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x