Kawah Putih di Gunung Patuha Kungsi Dianggap Puseur Karajaan Jin, Ayeuna Jadi Destinasi Wisata Unggulan.

4 Februari 2023, 09:30 WIB
Kawah Putih di Gunung Patuha Ciwidey Kabupaten Bandung tadina diangggap sanget tara aya nu wanieun ngalanto ka dinya. Ayeuna jadi objek wisata. /

GALURA -Kawah Putih di Gunung Patuha Ciwidey Kabupaten Bandung ku masarakat sabudeureunana kungsi dipercaya puseur karajaan jin jeung tempat ngariungna roh luluhur.

Cenah ku sangetna Kawah Putih di Gunung Patuha pedah jadi puseur karajaan jin, sasatoan ogè euweuh nu wanieun ngulampreng. Ceuk cenah deui, manuk anu calutak hiber di puncak Gunung Patuha dumadakan ragrag tuluy paèh.

Leuwih ti saabad kalarung, Kawah Putih di Puncak Gunung Patuha dianggap sanget ku masarakat satempat. Taya saurang ogè nu ludeung ngulampreng ka ieu gunung, komo ka ponclotna mah lantaran dipercaya puseur karaajaan jin.

Baca Juga: Endog Lewo Kuliner Has Garut, nu Mimiti Nyieunna Haji Amin Urang Kampung Lewo, Sangkan Sampeu Teu Mubadir

Bangsa deungeun mah teu percayaeun Kawah Putih di Gunung Patuha nu cenah puseur karajaan jin teh. Tina kituna, hiji ahli geologi blasteran Walanda-Jerman, Dr. Franz Wilhelm Junghuhn, laha-loho ka lebah nu dianggap sanget di

Gunung Patuha
Waktu ngalanto ka Bandung kidul, di sabudeureun tutugan Gunung Patuha, Junghuhn ngarasakeun kaayaan anu tiiseun jeung geueuman. Teu manggihan sasatoan ilaharna di leuweung.

Kajurung ku kapanasaran, Junghuhn nanyakeun ka warga satempat ku naon pangna lelewek Gunung Patuha tiiseun pisan, teu kadenge sora manuk sora manuk acan.

Masarakat nyebutkeun ponclot Gunung Patuha tèh tempat ngariungna arwah para luluhur jeung puseur karajaan jin tepi ka kacida sanget. Lantaran kitu sasatoan ogè euweuh nu ngulampreng ka lelewek èta.

Baca Juga: Burayot atawa Ngaburayot, Kuliner Amis Has Garut nu Wangunna Kawas 'Taeun', Kieu Cara Nyieunna

Ceuk masarakat ka Junghuhn, mun seug aya manuk nu calutak hiber ngaliwatan èta patempatan tanwandè ragrag tuluy paèh.

Bau walirang
Najan ceuk kayakinan masarakat kitu, tapi Junghuhn, teu percayaeun kitu waè. Inyana neruskeun lalampahanna asup ka jero leuweung geledegan panasaraneun aya naon sabenerna di eta tempat.

Can ogè anjog ka ponclot gunung, Junghuhn hookeun pisan barang mireungeuh kaayan alam nu sakitu endahna.

Hiji dano nu kawilang lega caina bodas semu hèjo. Ti jero dano mancer lava jeung kaambeu bau walirang. Kanyahoan ayeuna mah naon pangna manuk-manuk teu daèk hiber ngaliwatan eta patempatan.

Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat

Ku Junghuhn nu nimu eta kawah taun 1837 mah dingaranan kawah Gunung Patuha lantaran ayana di Gunung Patuha. Kiwari èta kawah tèh katelah Kawah Putih.

Pangna disebut Kawah Putih, sabab kelir cai kawah jeung taneuhna bodas tepi ka caina warna bodas. Kecap putih ku urang Sunda oge mindeng dipake, contona mutih.

Ngaran Patuha cenah tina kecap Pa Tua (Sepuh), masarakat Rancabali-Ciwidey nganggap Gunung Patuha di Bandung kidul mah pangkolotna. Gunung Patuha bitu abad ka-10

Ku sabab loba walirangna, Walanda di dinya ngadegkeun pabrik walirang Kawah Putih nu dina jaman Walanda disebut Zwavel Ontgining Kawah Putih.

Baca Juga: Galendo, Abon, Dengdeng Sapi jeung Kecap Serbasari Kuliner Has Ciamis

Dina jaman Jepang, pabrik walirang dituluykeun sarta ngaranna diganti jadi Kawah Putih Kenzanka Yokoya Ciwidey, sarta ditalingakeun ku militer. Teuing ti iraha produksi walirang ti Kawah Putih mimiti kandeg nu satuluyna eureun pisan.

Kencaeun samèmèh asup atawa rèk turun ka Kawah Putih aya komplek pamakaman. Ayeuna mah ditulisan makè plang "Patilasan Sunan Ibu".

Kawah Putih di Gunung Patuha tadina dianggap puseur karajaan jin. Ayeuna jadi destinasi wisata unggulan di Kabupaten Bandung.*

Di dinya aya makam para luluhur, di antarana; Eyang Jaga Satru, Eyang Rangsa Sadana, Eyang Camat, Eyang Ngabai, Eyang Barabak, Eyang Baskom jeung Eyang Jambrong.

Di salah sahiji tempat di puncak Gunung Patuha, nu katelah Puncak Kapuk ku masarakat dipercaya tempat rapat atawa gempungan para luluhur nu dipingpin ku Eyang Jaga Satru.

Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Emple ku Ramo

Cenah di tempat ieu aya sababaraha urang warga sok kawènèhan ningali sabubuhan domba bodas nu dipercaya jirimna luluhur.

Objek Wisata
Ti taun 1987 Kawah Putih dikokolakeun ku Perhutani jadi ikon objek wisata Kabupaten Bandung.

Pikeun ngadeudeul objek wisata Kawah Putih kiwari aya tempat parkir lega, aya mushola, toilet, alat transportasi ti lawang hareup nepi ka kawah, pusat informasi, restoran, puluhan warung kadaharan.

Alat tranaportasi nu ngajajapkeun wisatawan ti parkir hareup nepi ka kawah nu anggangna kurang leuwih 3 kilometer tèh ontang-anting. Jumlah ontang-antingna 20, beus ukuran leutik nu diropea jadi kandaraan wisata. Hiji ontang-anting bisa muat 12 urang.

Samèmèh anjog, kira-kira sababaraha ratus meter deui ka Kawah Putih, Kawah Putih teh bagèan ti kawasan hutan lindung Gunung Patuha nu lega sagemblengna 2.690,5 hektar, geus kaambeu bau walirang.

Baca Juga: Panday ti Sunda, Sanggeus Pajajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

Anjog ka Kawah Putih nu legana 25 hektar moal kaampeuh hayang poptrètan. Mitos sangetna Kawah Putih jeung Gunung Patuha bakal poho.

Di Kawah Putih Gunung Patuha ayeuna diwangun darmaga ponton makè pelampung jeung tina bahan kai keur wisatawan nu hayang nyorang ka tengah-tengah kawah.

Di salah sahiji sisi kawah katiten haseup ngebul kaluar tina lawang lava. Sarè'atna lamun teu kapanggih ku Junghuhn, meureun nepi kiwari Kawah Putih tèh moal kakorèh potensina. ***

 

Editor: Nanang Supriatna

Tags

Terkini

Terpopuler