Ku: Eryandi Dahlan
KULUTRAK panto dibuka. Geus tilu kali disada keketrok. Tadi téh kagok keur nyieun citéh. Bray muka. Kuring olohok mata simeuteun. Hareupeun panto nangtung Ahda Kusumah Permana, batur sabangku keur di SMA. Gabrug kuring ngagabrug ka manéhna, basa panggih di Masjid Agung dua minggu kamari mah teu bisa laluasa nyacapkeun kasono téh. Aya nu baseuh tina panon kuring, rada haneut. Inget jaman sakola baheula. Manéhna gé sarua ngeclakkeun cimata. Karasa aya nu baseuh dina tonggong saab kana kaméja nu keur dipaké. Rada lila paungku-ungku téh. Kagareuwahkeun ku sora pamajikan.
“Pa, sina lebet atuh tamuna. Teu saé di luar,” ceuk pamajikan. Sup atuh duaan asup ka patengahan..
“Bu ieu téh Pa Ahda, réréncangan Apa nuju di SMA,” ceuk kuring ngawanohkeun Ki Dulur ka pamajikan. Pamajikan unggek ka Ki Dulur. Tara sasalaman manéhna mah ka nu lain muhrim téh. Tuluy pamajikan ka jero. Teu kungsi lila jebul deui. Nanggeuy baki.
“Mangga ditampi. Punten teu aya nu saé di dieu mah,” ceuk manéhna deui sanggeus nunda susuguh.
“Hatur nuhun. Ibu. Teu sawios,”ceuk Ki Dulur bari nyéréngéh.
“Sok Da, dileueut heula. Ngeunah geura keur tiris kieu nginum citéh panas. Asa ngaléob peujit,” ceuk kuring. Regot kuring ngaregot citéh hancengan. Manéhna nurutan.
“Timana Da? Ngahaja waé? Atawa sindang ieu téh?” ceuk kuring mimiti nalék.
“Pan keur di masjid nyarita kuring ngajar deukeut wewengkon ieu. Ké asup pukul sapuluh. Aya waktu kénéh, leuwih ti dua jam. Bisa sosonoan heula,” ceuk manéhna.
Kuring jeung manéhna teu sirikna gula jeung peueut di SMA téh. Mun aya kuring pasti aya manéhna.