Carpon: Cecep Ks.
VIE, LC atawa PL di hiji tempat karaoke di puseur kota Bandung, keur lalangkarakan di kamarna. Panonna neuteup kana lalangit, belenyeh seuri sorangan. Seuri kapiasem. Bangunna mah inget kana kajadian tadi peuting, waktu marengan sémah nu geus matuh mun datang ka tempat karaoké téh sok dibaturan ku dirina.
Kawas tadi peuting, sémah nu sok dilandih ku sebutan Si Ayah téh, diparengkeun room-na téh sok maranti di rohangan room nomer 11. Rohangan kamar nu rada mojok, semu nyingkur, betaheun tempatna. Bari diuk pagégéyé, Vie jeung Si Ayah duét bareng ngamimitian nyanyi lagu Pertemuan tina album Rhoma Irama.
Dina luhur méja geus ngabarak inuman wine jeung bir. Vie nyicikeun wine atawa anggur mérah kana gelas nu dicampur ku sprite jeung és batu. Regot diinum. Si Ayah gé regot nginum bir hitam. Duanana narangtung hareupeun layar komputer nu geus dilengkepan ku audio player jeung mik. Celengkeung duanana duét deui, lagu Cinta Terlarang ti Broery Marantika, nyambung kana lagu Angin Malam, Pamit, jeung lagu mélankolis séjénna.
Di luar, langit lénglang taya aling-aling, ngahaeub kapeutingnakeun. Di jero room nu ngabaris, geus teu puguh dédéngéan. Sora musik tingjelegur awor jeung tingcikikikna LC nu keur marengan sémahna séwang-séwangan. Ari di room 11, hiliwir angin tina AC ririh rintih nyulusup kana awak maranéhna.
Vie nyumputkeun pameunteuna dina harigu Si Ayah. Ramo leungeunna nu nyampay dina taktak, dirames ku Si Ayah, taarna diambung, buukna diusapan bangun deudeuh. Musik ngagegembrung.
“Urang ngalih,” cék Vie, bari metot leungeun Si Ayah, ngadeukeutan lawang panto.
Bari nangtung deukeut lawang panto, leungeun Si Ayah mimiti ngopépang nyasaran sakujur awakna.
“Ayah mah nakal,” sora Vie kadéngé sari-sari ogo.
Peuting éta, Si Ayah nu kakara dipikawanoh dua bulan téh, bisa nalukkeun dirina.