“Lain kalangkang deui atuh éta mah Man. Geus hasil. Barudak kuring mah duanana kaluar ti kampusna. Drop out. Marales. Ayeuna lugah-ligeuh wéh di imah. Jeung maraén game deuh,” ceuk manéhna ngaheruk.
“Alus meh jadi gamer, Da. Sok atuh rojong sina jadi game master. Cenah jadi nu kitu gajihna gedé. Da dibayar ku dolar,” ceuk kuring, ngasongkeun kamandang.
“Enya. Nya. Naha karék kapikiran ayeuna? Nuhun ah, Man. Ké dicoba,” ceuk manéhna.
“Nu penting mah aya dialog, Da jeung barudak téh. Éh punten lain mapatahan ngojay ka meri, komo ieu mah merina gé dosen,” ceuk kuring bari ngabarakatak. Manéhna oge seuri.
Obrolan kapegat sabab pamajikan nyampeurkeun, ngabéjaan susuguh geus siap, ngabarak di méja makan. Atuh duaan nangtung tuluy leumpang muru rohang dahar. Nolak tadina mah Ahda téh ngan ku kuring teu sirikna dikenyang. Ahirna éléh déét.
“Mangga Pa Ahda dicobi katuangan basajan. Satiasa-tiasa abdi wéh,“ ceuk pamajikan, basa Ahda geus diuk dina korsina.
“Aduh, abdi ngarepotkeun, mani sagala aya, ” walonna.
Brak atuh tiluan dahar ponyo naker. Kaciri Ahda daharna segut pisan. Jiga tara dahar nu kitu. Kuring gé ngamalum da pasti kelas dosén mah daharna tara jiga dahareun kuring saiimah. Sanggeus barang dahar duaan pindah deui ka rohang tengah. Nuluykeun wangkongan nu tadi kapegat.
“Lain, Man. Ari ayeuna kana naon usaha téh? Asa can kaciri siap-siap gawé di dinya mah jam sakieu téh?” ceuk manéhna.
“Ah kuring mah sagawé-gawé wéh, Da. Boga éta gé usaha leuleutikan di Astana Anyar. Percetakan surat ondangan leuleutikan. Ngan saurang pagawéna gé. Teu cara toko lain nu pagawéna aya puluhna,” tembal kuring. Manéhna unggut-unggutan.