“Bener éta. Anak-anak kuring mah jiga teu boga adab ka kolot téh. Teuing ku naon,” ceuk manéhna rada ngalimba.
“Kumaha kitu?” tanya kuring.
“Ngomong kasar. Kalan-kalan maké gugag-gogog.”
“Naha atuh?”
“Kuring jeung pamajikan tara aya di imah. Ngudag-ngudag karir duaan téh. Ari barudak teu katalingakeun. Ti keur leutik kénéh, barudak téh maén game wé nepi ka kiwaric” ceuk manéhna deui.
Kuring ukur unggut-unggutan.
“Matak bieu basa anak Arman pamitan, kuring asa kabita. Budak SMA basa Sundana alus pisan,” ceuk manéhna deui.
“Enya, Da. Kuring mah ngajar budak téh basajan wéh. Ngajar Sunda ka kabéhan. Ayeuna nu panggedéna keur di Jepang. Ditarik ku Kyoto University jadi dosén terbang Mata Kuliah Perbandingan Budaya Asia. Adina nu lalaki geus aya samingguna di Éropah, manggung, mintonkeun seni Sunda di ditu. Kelompok Seni Sundana diondang ku kedutaan urang di sababaraha nagara Éropah,” ceuk kuring.
“Euleuh. Ngilu reureus kuring atuh, Man. Hébat Arman mah ngatik budak téh. Maké kakuatan budaya Sunda. Hasilna béda pisan jeung barudak kuring,” walon manéhna.
“Nya kitu kuring mah Da. Kuring jeung pamajikan boga pamadegan peupeuriheun indung bapana ngan lulusan SMA atuh anak-anakna kudu bisa leuwih maju . Alhamdulillah ayeuna geus aya kalangkang hasilna,” ceuk kuring deui.