“Wah dosén atuh Ahda téh nya? Alus pisan,” ceuk kuring.
“Alhamdulillah. Lulus S1 kuring langsung neruskeun ka S2. Da cék kolot mun diengké-engké kaburu males diajar mah. Satamatna S2 ngajar wéh. Ayeuna geus aya limalas taunna jadi dosén téh. Bari kuliah deui S3, sakeudeung deui lulus, ” manéhna nerangkeun.
Bapana téh dosén di paguron luhur nu ka koncara di ieu kota. Kuring apal da keur sakola teh mindeng mondok di imahna. Ahda gé apaleun ka kolot kuring, da kalan-kalan manéhna nu mondok di imah kuring.
“Hadé pisan Da. Kuring mah salulusna SMA téh teu kuliah,” kuring teu kebat.
“Pa. Dédé mios. Engkin wangsulna rada sonten badé kerja kelompok,” sari, anak bungsu kuring ngadeukeutan bari ngasongkeun leungeun katuhuna. Ku kuring ditampanan. Kuring nangtung. Celengok pipina kénca katuhu jeung tarangna dicium budak téh. Sérémonial biasa unggal isuk.
“Tuh salam ka Um Ahda,” ceuk kuring nitah. Budak nurut. Bari tuluy kaluar imah sanggeus uluk salam.
“Sabaraha bati téh, Man?” Ahda nanya.
“Tilu. Nu bieu bungsu. Ayeuna kelas 2 SMA.”
“Alus tah sopan budak téh.”
“Alhamdulillah. Ku indungna diajar basa Sunda nu lemes barudak téh. Ceuk pamajikan mah Basa Sunda nu loma jeung Indonesia engké gé diajarkeun ku babaturannana,” walon kuring.