Kabayan Ngalanglang Jaman (23): Tarucing Sphinks 

- 30 Mei 2023, 05:00 WIB
/Desain: REA/

BASA Oidipus ngaliwat ka Gunung Fikion, katénjo ku manéhna aya hiji mahluk pikasieuneun keur anjeucleu dina batu di jajalaneun.

Rék teu pikasieuneun kumaha, ka luhurna tina hulu semet dada ngawujud hulu jeung dada manusa, ari awakna ngawujud singa, jangjangna garuda, cakar beusi, jeung tungtung buntutna ngawujud sungut naga sihungan.

Éta monster téh nu disebut Sphinx (satuluyna cuang tulis bae: Sphinks) téa ku sakumna pangeusi Kota Thebes, anu salila ieu dipikasieun ku warga.

Cenah, ceuk béja nu dibéjakeun deui, éta mahluk téh anak awéwé Taifun jeung Ekhidna. Sihungna bisa ngarecah awak manusa jeung sato. Loba pamuda nu teuneung adu hareupan jeung éta mahluk, tapi balikna tinggal ngaran.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (22): Takdir Geus Kalakonan, Kadar Geus Teu Bisa Disinglar  

Ahéngna, saméméh ngarecah awak calon korbanna, si calon korban téh ngahaja dicegat heula di jajalananeun tempat manéhna cicing. Tuluy si calon korbanna dibéré tarucing.

Lamun si calon korban teu bisa ngajawab tarucingna, alamat cilaka pikeun manéhna, awakna bakal direcah ku éta mahluk, jadi kahakananana. Tapi lamun si calon korban bisa ngajawab, éta mahluk téh bakal ngaragragkeun manéh ka jungkrang nu lungkawing tepi ka awakna ancur burakrakan di dadasar jungkrang téa.

Loba nu panasaraneun kana éta tarucing. Panasaraneun, naon pertanyaanana tarucing anu diasongkeun ku Sphinks téh? Meureun lamun nyaho mah, kabéh warga bakal salamet tina pangrecah éta mahluk, da meureun bakal dipikiran pijawabeunana.

Tapi da bubuhan korbanna langsung maot sapada harita, atuh éta tarucing téh teu nepi ka kadéngé atawa kanyahoaneun ku nu lian.

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

Oidipus anu harita aya di jajalaneun muru ka Thebes gé, geuwat dicegat ku éta mahluk.

"Hé, manusa!” ceuk éta mahluk pikasieuneun téh, sorana semu nu ngosom tapi handaruan. “Moal samata-mata andika ngalanto ka dieu lamun teu wani nyanghareupan kaula!"

"Naon anu kudu dipikasieun? Saha anu kudu dipikagimir ku Oidipus? Andika? Ke heulaanan kaula kudu gimir nyanghareupan mahluk anu teu ngawujud siga andika mah?" ceuk Oidipus, tatag naker.

"Lakadalah, éta sungut mani hipu kitu nyebut kaula mahluk nu teu ngawujud. Na andika teu nyaho, saha ari kaula?"

"Nyaho, matak kaula wani gé. Andika téh Sphinks téa, lain? Anu gawéna ngaririwaan pangeusi nagri, nyingsieunan jalma-jalma anu teu walakaya?"

"Wuahahaha... sukur, sukur andika nyaho ngeunaan kaula,” si Sphinks téh ngagakgak bungah naker, némbongkeun huntuna nu ranggéténg.

Baca Juga: Miangkeun Jemaah Calon Haji Asal Ciamis Kloter Munggaran, Bupati Ciamis: Niat Ibadah Haji Karana Alloh

“Ku lantaran andika geus nyaho ka kaula, kaula moal loba catur,” ceuk si Sphinks deui. “Ayeuna kari milih baé, mending hirup mending modar, hah?"

"Saha mangkelukna anu rido milih modar bari teu ngalawan?!" témbal Oidipus teuneung. 

"Lamun kitu, andika siap nyanghareupan résiko modar?!"

"Dina kudu modarna gé teu ieuh matak panasaran ari ngalawan heula mah."

"Heug, andika baris bisa hirup, tapi saratna andika kudu ngajawab tarucing kaula. Lamun jawaban andika bener, kaula rék ngabébaskeun andika bari jeung sorangan rék ngaragragkeun manéh ka jurang. Tapi lamun jawaban andika salah, wayahna awak andika kudu siap direcah jadi kahakanan kaula."

Baca Juga: Pilkades Serentak 2023 di 64 Desa di Kabupaten Majalengka Lumangsung Aman jeung Kondusif

Ngadéngé susumbar Sphinks anu sakitu matak muringkak bulu punduk pikeun nu ngadéngéna, komo ieu tepi ka adu hareupan pisan jeung éta monster anu mungguh matak pikasieuneun, Oidipus teu ieuh ngarasa gimir.

"Geus, teu kudu loba bacot!" omong Oidipus tatag semug nu nangtang. "Sok, geura pok, kumaha tah tarucing andika téh?!"

"Lakadalah, mani jumawa kitu éta omongan. Naha geus siap andika nyanghareupan pati?!" omong éta monster sinis naker.

"Geuwat, montong loba bacot deui!" Oidipus mingkin teu sabareun hayang geura-geura ngadéngé tarucing téa anu teu bisa kajawab ku batur.

Manéhna geus lahlahan, sugan baé tarucing ti Sphinks téh bisa kajawab. Mun kajawab, lain baé manéhna bisa lolos tina pati, tapi sakabéh masarakat Thebes jeung sabudeureunana gé bisa bébas tina teror jeung pangancam Sphinks.

Kumaha mun seug teu kajawab?  

Baca Juga: Ngaraketkeun Ukhuwah, DPD PKS Kabupaten Majalengka Halal Bilhalal, Siap Tandang tur Unggul dina Pemilu 2024 

Oidipus boga angkeuhan, dina teu kajawabna gé, keun baé. Manéhna pasrah nandonkeun pati demi kaamanan jeung katingtriman saréréa,  

"Heug ari kitu mah,” omong Sphinks bangun nu nyapirakeun Oidipus.

“Kieu tarucing kaula téh...,” ceuk Sphinks deui sanggeus ngawahan sawatara jongjongan. “Mahluk naon ngaranna anu isuk-isuk leumpangna ku opat suku, beurang ku dua suku, ari peuting mah ku tilu suku? Sok, geura jawab ku andika! Lamun salah jawabanana, wayahna andika rék dipaéhan ku kaula, awak andika rék direcah jadi kahakanan kaula."

Ngadéngé éta tarucing, Oidipus langsung baé ngajawab, teu kudu mikir lila.

Ku kabeneran, éta tarucing téh sakitu gampilna pikeun dijawab, gerentes haténa.

"Manusa!"

"Naha?"

"Manusa mimiti gubrag ka alam dunya teu bisa leumpang. Keur orok, manéhna ukur bisa kokorondangan, kalawan ngagunakeun sukuna sapasang  jeung leungeunna ogé sapasang. Éta bisa dihartikeun, manéhna ngagunakeun opat suku. Nincak sawawa atawa déwasa, manéhna bisa leumpang kalawan ngagunakeun sukuna anu dua. Maju ka kolot, manusa mérélukeun iteuk atawa tongkat jang mantuan manéhna leumpang lantaran leumpangna geus teu ajeg deui kawantu geus rémpo téa, mindeng jajaligjeugan. Éta hartina, manusa lamun geus kolot mérélukeun tilu suku keur leumpang."

Baca Juga: Sajak Rosyid E Abby: Nu Syuhada di Palagan Karbala

Réngsé Oidipus ngajawab éta tarucing, si Sphinks téh bari ngemu amarah geuwat ngaragragkeun manéh ka jero jungkrang nu lungkawing, tepi ka awakna ancur burakrakan neunggar batu-batu cadas handapeunana.

Mungguh, bumi alam dadak sakala jadi inggeung, kawas diendag-endag ku lini anu sakitu rongkahna.

Lain semet éta tempat baé eundeurna téh, tapi tepi ka mil-mil jauhna.

Teu lila, tingburudul jalma-jalma muru ka Oidipus bari éak-éakan saruka bungah.

Rék teu saruka bungah kumaha tuda, Sphinks --monster anu salila ieu ngancam kasalametan warga-- kiwari geus paéh ku kapinteran Oidipus dina ngajawab tarucing nu diasongkeun ku éta monster.

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

Oidipus harita kénéh dianggap pahlawan nu geus ngabébaskeun warga ti duruwiksa. Munasabah mun seug Oidipus satuluyna diugung-ugung tur dipupunggu muru ka Kota Thebes, dibarung ku sora éak-éakan pinuh kasuka.***

**

"JADI, andika dianggap pahlawan, nya ku rayat Thebes téh?" ceuk Sangkuriang nyela caritaan Oidipus.

"Enya, dianggap pahlawan," témbal Oidipus bari ngarénghap jero naker.

Sabot kitu, panonna mah kawas nu keur ngawaskeun ka jauhna, ngimpleng-ngimpleng panineunganana anu karasana sakitu éndahna.

"Nimat, mungguh nimat hirup jadi pahlawan téh, geuning. Kaula kacida diugung-ugungna. Tepi ka dina hiji mangsa..." Reg ngarandeg. Caritaan Oidipus téh teu kebat, kaburu aya nu nyelek dina tikorona.*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: IKWI Jawa Barat Ngagelar Rapat Kerja jeung IKWI Jabar Award

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x