GALURA - Pikeun ngaraketkeun ukhuwah pangurus jeung anggota DPD PKS Kabupaten Majalengka ngagelar acara halal bilhalal di Gedong Islamic Center Majalengka, Ahad (28/5/2023). Sakalian konsolidasi lantaran sakeudeung deui Pemilu 2024.
Acara halal bilhalal diiluan ku struktur kapangurusan DPD PKS Kabupaten Majalengka, ti ketua nepi ka pangurus, bakal calon anggota legislatif (bacaleg) nu makalangan dina Pemilu 2024, jeung sakumna kader.
Ketua DPD PKS Kabupaten Majalengka, Roni Setiawan nyebutkeun halal bilhalal tujuanana ngaraketkeun silaturahmi kader jeung pangurus DPD, DPC katut DPra."Salian eta oge ngogan bacaleg daerah, provinsi sareng puseur nu maju dina Pemilu 2024 kangge silihwanohkeun," pokna
Baca Juga: Noong Bacaleg PKS nu Daptar ka KPU Majalengka, Gede Harepan Mawa Parobahan
Salian pikeun silaturahmi, pokna deui, gelaran halal bilhalal dipiharep sakaligus bagian konsolidasi pikeun ngarekepkeun barisan kader. Nu utama nyiapkeun kader-kader dina nyanghareupan taun-taun pulitik.
"Sagala rupi nu aya patalina sareng agenda pulitik kedah disiapkeun," ceuk Roni Setiawan.
Ngeunaan target nyangking soara, pihakna optimistis bakal meunang 10 korsi DPRD Kabupaten Majalengka. Hasil tina target bakal dijadikeun barometer dina Pilkada 2024.
Target soara 10 korsi DPRD teh mandat langsung ti DPW PKS Jawa Barat. Targetna sapaket jeung Pilkada.
Baca Juga: Pemilu 2024, Ketua DPC PKS Margahayu Ngarasa Yakin Bisa Meunang 4 Korsi di Dapil 2