Kabayan Ngalanglang Jaman (20) : Takdir nu Sarua, Takdir nu Teu Bisa Dipungkir

- 25 Mei 2023, 09:02 WIB
/Desain: REA/

PROFÉSOR Kabayan geuwat nyampeurkeun ka nu keur kanyenyerian. Tonggong nu keur ceurik ngagukguk téh diusapan bangun ka budak.

Sangkuriang gé geuwat milu nyampeurkeun.

"Maksudna, bapa andika téh maot ku...," Sangkuriang nanya, tapi teu kebat, sieun nambah-nambah pinalangsaeun ka Oidipus. Tuluy melong ka Profésor Kabayan. Profésor Kabayan unggeuk, ngaenyakeun.

"Enya...! Kaula pisan anu maténi Bapa téh. Kaula pisan budak anu teu nyaho mulangkeun jasa téh!" omong Oidipus bari tuluyna ngagugukguk deui, éstu kanyenyerian pisan. Geuwat tonggongna diusapan deui ku Profésor Kabayan. Diusapan deudeuh naker.

Jep.

Pikeun sawatara jongjongan mah simpé.

Taya nu nyoara.

Sangkuriang rumahuh, bangun nu milu ngarasakeun kanalangsa Oidipus.

Baca Juga: Kabayan Ngalanglang Jaman (19) : Supata ka nu Jadi Bapa, Manjang Saturunan

Baca Juga: Tina APBD, Atlet asal Kabupaten Bandung nu Meunang Medali dina SEA Games 2023 Kamboja Meunang Bonus

Ngadéngé Sangkuriang rumahuh kitu, Profésor Kabayan melong sarérétan, tuluyna anteng deui ngusapan tonggong Oidipus.

Ari nu diusapan mah anteng dina ngabudalkeun kasedihna, kanalangsa haténa, anu salila ieu disidem ku sorangan, taya batur pakumaha, taya dulur geusan diajak cumarita.

Langit témbong deui rumeuk.

Méga hideung bangun nu mayungan maranéhna nu keur paheneng-heneng.

Rumeukna langit téh bleg baé teu béda ti rumeukna haté Oidipus nu keur kanyenyerian ku nasib dirina anu teu saat-saat manggih tunggara.

"Ké heula," omong Sangkuriang sanggeus kasedih Oidipus rada leler, "Kumaha kajadianana tepi ka andika kolu nelasan pati nu jadi bapa?"

"Sarua jeung andika, Ki Sangkuriang," Profésor Kabayan nyela omongan. "Andika gé kapan kolu maéhan Si Tumang. Ari Si Tumang, pan bapa andika, lain?"

"Enya, tapi da kaula mah teu nyaho yén Si Tumang téh bapa sorangan," témbal Sangkuriang.

Baca Juga: Panganteur: Carita Nyambung (Carnyam) “Kabayan Ngalanglang Jaman”

Baca Juga: Kakanwil Kemenag Jabar Calon Haji ti Jawa Barat, 38.732 urang, Miang ka Tanah Suci

"Sarua," ceuk Profésor Kabayan bari angger ngusapan tonggong Oidipus. "Ieu dulur urang téh sarua teu nyahoeun yén anu dipaténina téh bapa sorangan." 

"Jadi, andika gé kungsi maéhan bapa sorangan, nya?" omong Oidipus bari ngépéskeun leungeun Profésor Kabayan. Panonna melong seukeut ka Sangkuriang. "Kumaha caritana bet bisa tepi ka kitu?"

Méméh ngajawab, Sangkuriang ngarénghap heula sakedapan.

"Basa indung kaula can ngakandung kaula, masih kénéh hirup lalagasan, hiji waktu keur ninun di saung huma. Harita téh, cenah, keur panas poé mentrang-mentring. Ujug-ujug baé, toropong anu keur dipaké ninun ku indung kaula téh ragrag. Bakat ku wegah ingkah ti tempat diukna, ahirna indung kaula kedal ucap, sing saha anu béla mangnyokotkeun éta toropong, mun awéwé bakal dijadikeun dulur, mun lalaki bakal dijadikeun salaki. Teu lila ti harita jol Si Tumang, anjing piaraan indung kaula, mangnyokotkeun éta toropong. Indung kaula ngagebeg, da Si Tumang téh apanan jalu. Ku lantaran geus kedal ucap téa, sarta meureun éta téh kahayang Hyang Widi, nya indung kaula teu bisa kukumaha, ahirna kudu pasrah sumerah kawin ka Si Tumang."

"Ahirna, tina kawinna indung andika jeung Si Tumang téh, nya andika gubrag ka alam dunya?" Oidipus megat omongan.

Baca Juga: HPN Jabar di Karawang, Hajat Rongkah Insan Pers Jawa Barat, Ngagederkeun Seni Budaya Sunda

"Enya, ahirna kaula gubrag ka alam dunya," témbal Sangkuriang, bari ngumbar panénjo ka jauhna.

"Tapi andika teu nyaho yén Si Tumang téh bapa teges andika?"

"Teu. Teu kungsi nyaho, lantaran indung kaula teu kungsi wakca, yén bapa teges kaula téh ngan saukur anjing piaraan," témbal Sangkuriang, sorana dumareuda. Semu-semu aya rasa handeueul dina wirahma sorana.  

"Tuluy, kumaha kajadianana tepi ka andika maténi Si Tumang téh?"

Barabat baé Sangkuriang ngadadarkeun lalakon dirina bet tepi ka maéhan Si Tumang, anu justru bapa tegesna.

Hiji mangsa, Nyi Dayang Sumbi téh hayang ngadahar ati mencek. Tepi ka ngaruy ngabayangkeunana ogé. Nya manéhna nitah anakna, Sangkuriang, supaya pangmorokeun ati mencek di leuweung.

"Omat, kudu hasil! Ulah waka balik ka imah mun can hasil mah," ceuk Dayang Sumbi ka anakna.

Sangkuriang anu harita umurna kakara sapuluh taunan, geuwat ngalaksanakeun paménta indungna téa, dibarengan ku Si Tumang.

Baca Juga: Galura Cetak IV Mei 2023, Mahkota Binokasih, Kabupaten Ciamis Mieling Pindahna Puseur Dayeuh Kabupaten Galuh

Tapi geus béak déngkak manéhna sapoé jeput ngubek leuweung, weléh nu ditéangan téh teu kapanggih.

Sangkuriang kungsi putus harepan, tadina mah rék lahlahan baé sasadu ka indungna yén usahana téh teu mawa hasil. Tapi ari dipikir-pikir deui, kapan indungna téh sakitu omat-omatanana, ulah waka balik mun can hasil nu ditéangan. Hartina, mun manéhna nyamos, moal aya hampura ti nu jadi indung.

Mikir ka dinya, haténa mentegeg kacida.

Duka ti mana datangna, jol aya haréwos kana ceulina. Bisa jadi haréwos goib.

"Euweuh mencek mah, matak naon mun Si Tumang paéhan. Ala atina, bikeun ka indung andika," ceuk éta harewos goib, lir angin ngagisir kana puhu ceulina.

Ngadéngé kitu, Sangkuriang asa dijalanan.

Geuwat manéhna masang jamparing, mesat paser, ceb kana awak Si Tumang. Geus kitu mah, beuteung Si Tumang dibelék, dicokot atina bikeuneun ka Nyi Dayang Sumbi.

Mimitina mah Nyi Dayang Sumbi teu nyahoeun yén anu didahar ku manéhna téh ati Si Tumang, salakina anu salila ieu satia marengan manéhna hirup di leuweung luwang-liwung. Tapi demi anakna balik ka imah bari teu dibarengan ku Si Tumang, haténa jadi curiga. Amarahna beuki ngagidir basa Sangkuriang wakca, yén enya anu didahar ku Nyi Dayang Sumbi téh ati Si Tumang, salakina, anu sasatna bapa tegesna Sangkuriang.        

"Euh, jadi kitu nya, andika gé teu nyaho yén anu dipaténi ku andika téh bapa sorangan? Mun kitu mah, mémang ampir sarua jeung nu kaalaman ku kaula," ceuk Oidipus, sanggeus ngalenyepan lalakon nu kaalaman ku Sangkuriang.

"Ari andika maténi bapa sorangan téh, kumaha tah lalakonna?"    

Baca Juga: IKWI Jawa Barat Ngagelar Rapat Kerja jeung IKWI Jabar Award

"Ampir sarua, kaula gé mimitina mah teu nyaho yén anu dipaténi téh bapa sorangan. Ari lila-lila, kanyahoan geuning éta téh bapa sorangan, kanyahoan yén éta téh bagéan tina takdir kaula nu geus diguratkeun ti barang gumelar kénéh ka alam dunya," témbal Oidipus.  

"Cing, kumaha lalakonna?!" Sangkuriang teu sabareun hayang geura-geura ngadéngékeun lalakon tunggara anu karandapan ku Oidipus, baturna anyar pinanggih.

Oidipus teu gancang némbalan. Manéhna ngadon ngahuleng heula sawatara jongjongan. Mireungeuh kitu, Sangkuriang jeung Profésor Kabayan teu lemék. Da meureun milu ngarasakeun kapeurih nu jadi baturna anyar pinanggih.

Rét, Sangkuriang ngarérét ka Profésor Kabayan. Ari Profésor Kabayan, najan saeutikna geus nyaho kana lalakon Oidipus tina sumber-sumber nu lian, angger teu némbongkeun semu nanaon.

"Saprak kaula gubrag ka alam dunya," Oidipus ngamimitian caritana, sanggeus rada lila ngahuleng, "alam dunya téh karasana mongkléng kacida. Nasib goréng salawasna ngukuntit diri."

Leng deui Oidipus ngahuleng.

Baturna anu duaan, anu karék dipiwanohna pisan, angger teu lemék, hayang ngadéngékeun carita satuluyna.*** (Lajengkeuneun)

Baca Juga: LSM Penjara Cabang Majalengka Meredih Inspektorat jeung Kejari  Ngungkab Pungli di Sakola

 

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x