GALURA.CO.ID -Salasahiji sakola nu geus moal bireuk deui keur urang Bandung jeung sabudeureunana: SMA Pasundan 3 Kota Bandung. Pernha di Jalan Kebon Jati nomer 31, Kota Bandung, teu jauh ti Stasiun Bandung. Wangunan sakolana nampeu ka jalan raya.
Ditilik tina carita ngadegna nu geus lila naker, geus ngaruntuykeun lalakon nu kawilang panjang sarta ngamedalkeun alumn-almni nu punjul. “Alumnina rebuan, mawa reueus ka sakola lantaran loba nu geus maranggung jeung cumarita di tingkat nasional,” ceuk pupuhuna, Drs. H. Wisma Lesmana, M. MPd., M.Si., PhD ka Galura, (03/02/2024).
Ngawangkong teh di rohangan gawena, dibaturan ku Wakasek Kurikulum, Eki Sayogia, S.Pd., M.Pd.
Ti bihari tepi ka kiwari, SMA Pasundan 3 Kota Bandung teu weleh jadi pangjugjugan nu boga karep tolab elmu di SMA. Bukti kajojona ieu sakola, ti taun ka taun muridna terus nambahan.
Kiwari kacatet leuwih ti 820 urang siswa nu diasuh ku 85 urang guru jeung karyawan. Saban poe, barudak ngadeluk diajar, nganyam prestasi akademik jeung non akademik.
“Kagiatan pembelajaran sareng ujian nganggo platform aplikasi digital,” ceuk Eki Sayogia. Konsep digitalisasi, ceuk Haji Nena, nenehna Wisma Lesmana, metoda pembelajaran ngagunakeun teknologi digital, udaganana keur ngaronjatkeun kualitas atikan, ti mimiti proses pembelajaran, administrasi sakola, interaksi para siswa, para guru jeung karyawan.
“Konsep digitalisasi ngalibetkeun transformasi sagemblengna, tina metoda pangajaran nu konvensional tradisional kana model nu leuwih interaktif responsif, mapakan dinamika jaman era industri 4.0, anapon pembelajaran ‘tatap muka’ di jero kelas mah tetep dipentingkeun, teu dileungitkeun,” pokna.
Baca Juga: Dr. H. Dadang Mulyana, M.Si, Ketua YPDM Pasundan: Kuciwa Guru PPPK Teu Balik Deui
Haji Nena jeung Eki, nyambungkeun caritaanna, neueul kana sumber daya pendidikan, mangpaat tina digitalisasi aksesibilitas leuwih gampang. “Para siswa jeung guru bisa ngaakses sawatara sumber elmu atawa pembelajaran ti mana bae jeung iraha bae ngaliwatan perangkat digital nu dilengkepan ku koneksi internet,” pokna.
Matakna, ceuk Haji Nena, jaman digitalisasi nu sarwa canggih alam kiwari, sakumna guru di ieu sakola diperedih malar leuwih ngaronjatkeun kompetensina, hususna di widang kamampuan TIK (Teknologi Informasi dan Komunikasi).” Apan guru nu nangtukeun hasilna pendidikan digitalisasi di sakola teh,” pokna.
Ku metoda pembelajaran interaktif, ceuk Haji Nena jeung Eki, saperti ngagunakeun aplikasi edukasi jeung platform learning management system.
Upamana nyalusur elmu, minat siswa leuwih daria aktif ngalibetkeun diri dina proses pembelajaran dibandingkeun metoda KBM cara tradisional siswa ukur ngadengekeun palerean ti guru sacara pasip.
Program Unggulan
Ngeunaan PPDB taun ajaran 2024-2025, Haji Nena jeung Eki Sayogia dirojong ku sakumna guru, tukuh mertahankeun sajumlah materi nu geus jadi program unggulan nu geus jadi ciri has di ieu sakola, di antarana, pangajaran Kelas Tahfidz,
“Target hapalan para siswa kedah mampu baca Qur’an minimal 12 Juz,” ceuk Eki.
Kelas Tahfidz, rukun gawe jeung Yayasan Taqia. Atuh, di ieu sakola, kiwari kacatet aya 50 siswa nu kasangtukangna santri ti sajumlah pasantren nu hengker ekonomina, biaya pendidikanna digratiskeun.
“Rek anak nu aya, rek anak nu teu boga, boga hak nu sarua, di dieu babarengan sakola, babarengan neuleuman elmu,” ceuk Haji Nena.
Baca Juga: SMA Pasundan 3 Bandung Leubeut ku Prestasi Buah tina Nanjeurkeun Kadisiplinan
Nu pasti, ceuk Haji Nena, PPDB taun 2024, narima murid anyar paling copel jumlahna tujuh kelaseun. “Leuwih ti sakitu oge moal burung ditarima,” pokna.
SMA Pasundan 3 Kota Bandung, dilengkepan ku sarana jeung prasarana, Laboratorium MIPA jeung Komputer, sarana olahraga, Perpustakaan, Masjid, Kantin jeung sajabana.
Nu matak reueus teh, ieu sakola leubeut ku prestasi para siswa. Kacatet, siswana aya nu nyangking juara kahiji renang jeung gulat di tingkat Provinsi Jabar, juara kahiji Futsal di tingkat Provinsi Jabar.
Malah aya nu jadi juara kahiji karate di tingkat Internasional jeung prestasi sejenna nu dicangking ku parasiswana.
Lulusan SMA Pasundan 3 Kota Bandung, aya nu neruskeun kuliah di PTN jeung PTS, aya oge nu digawe atawa wiraswasta. “Lulusan taun kamari, 90 persen ditampi di PTN ngalangkungan jalur mandiri, jalur seleksi nasional berdasarkan prestasi (SNBP) katut Seleksi Nasional Berdasarkan Tes (SNBT),” ceuk Haji Nena.
Haji Nena nyebutkeun lulusan SMA Pasundan 3 Kota Bandung karuliah di Unpad, ITB, UI, Undip, UGM, UIN jeung UPI. “Aya nu lebet ka Akpol, Akmil tilu angkatan, sakola kadinasan nu sanesna sareng sajumlah PTS, kalebet di Unpas, “ pokna.*** Cecep Ks