SDN Cihanjuang Ngaronjatkeun Kadisiplinan jeung Peupeujeuh Ulah Poho Ibadah nu Jadi Kawajiban

- 15 Februari 2023, 13:45 WIB
Heni Heryani, S.Ag, Kepala SDN Cihanjuang/ Dok. SDN Cihanjuang
Heni Heryani, S.Ag, Kepala SDN Cihanjuang/ Dok. SDN Cihanjuang /

 

GALURA – SDN Cihanjuang Kacamatan Parongpong Kabupaten Bandung Barat dina ketakna ngalaksanakeun proses pangajaran salasahijina teh nyaeta numuwuhkeun kadisiplinan.

Tina kadisiplinan dipiharep baris jadi pamecut parasiswa-siswi SDN Cihanjuang enggoning ngahontal prestasi sahade-hadena.

Di sagedengeun eta, rengrengan pangajar SDN Cihanjuang teu weleh peupeujeuh ka murid-muridna sangkan ulah ieuh poho kana ibadah nu jadi kawajiban.

Baca Juga: Direktur PT PERSIB Bandung Bermartabat (PT PBB), Teddy Tjahjono : Kualitas Wasit kudu Dironjatkeun

Eta ajen-inajen atikan, sikep laku lampah, tur rupaning kahadean teh kalawan noron ditepikeun ka siswa-siswi SDN Cihanjuang dina pirang-pirang kasempetan.

Salasahijina, dina kagiatan upacara sakola, minangka pameungkeut rasa sauyunan pangeusi sakola turta media nepikeun ajen-inajen kahadean.

Kawas dina upacara sakola harita, Senen, 13 Februari 2023, Kepala SDN Cihanjuang, Heni Heryani, S.Ag, ngeceskeun, kaparigelan jeung pangawasaan elmu siswa teh kudu bari dibarengan ku ahlak nu mulya.

Baca Juga: Dipingpin Kapolres Majalengkla, Rapat Koordinasi Mapag Pemilu 2024, sangkan Luber Jurdil

Eta teh geusan ngahontal udagan sakola nu ngagumelarkeun insan nu mibanda prestasi didasaran kaimanan jeung katakwaan.

“Salasahiji tarekah ngahontal eta udagan nyaeta ku cara terus numuwuhkeun kadisiplinan ka sakumna warga sakola,” pokna.

Minangka tempat pangajaran, sakola ge diperedih malar ngaronjatkeun prestasi, boh akademik boh nonakademik, katut kaagamaan.

Baca Juga: Putri Anjungsari (28), Kuda geus Lalempo, Lalampahan Jauh Keneh, Aya nu Mere Tanda ku Haseup

Tangtuna bari oge dirojong ku kaayaan lingkungan sakola nu tumaninah, beresih, katut asri.

SDN Cihanjuang teh perenahna di Jalan Raya Cihanjuang, Kampung Centeng, Desa Cihanjuang, Kacamatan Parongpong, Kabupaten Bandung Barat, kalawan diwengku 22 guru jeung kira 600 murid.

Tah, pikeun ngahontal prestasi jeung ngawujudkeun sakola nu beresih teh salasahijina ku cara ngabiasakeun kadisiplinan jeung kamandirian.

Baca Juga: H. Yanto : Ulah Hariwang Aula Kantor Pemerintah Desa Dipake Reses

“Oge ngabiasakeun budaya tartib, laku lampah someah, sarta ngawujudkeun lingkungan sakola nu beresih tur sehat,” pok Heni Heryani.

Dina prak-prakanana proses pangajaran di SDN Cihanjuang, dipiharep parasiswa-siswi teh mampuh miboga prestasi, parigel, mandiri, dilimpud kaimanan jeung katakwaan.

“Mateakeun potensi kacerdasan intelektual, emosional, jeung relijieus siswa, sangkan maranehana miboga daya saeng tur kamandirian. Lian ti eta, geusan ngabentuk kapribadian warga sakola nu boga ciri mandiri dina ngalarapkeun ajen-inajen kapribadian bangsa, sarta tumuwuhna sikep ahlakul karimah," ceuk Heni Heryani. ***

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah